Hihihihih.... osok hayang seuri ninggali kalakuan panggede. jiga ninggali
budak anu keur hareureuy. Sandiwara Politik hungkul lah. jelema lalieur
hungkul. hehehhe...

-Bohay-

On 2/21/07, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Aya Mentri dipariksa ku KPK kulantaran nunjuk langsung rekanan dina
ngayakeun barang, sang Mentri ngambek, malik ngalaporkeun katua KPK,
sabab cenah KPK oge nunjuk langsung rekanan (henteu tender) dina ngayakeun
alat-alat paragi nyadap kalakuan sang koruptor. Ger ..... wartos jadi rame
sabab KPK ge embung disebutkeun boga standar ganda. Ceuk KPK memang leres
KPK nunjuk langsung rekanan henteu ngaliwatan tender, tapi samemeh
ngalakukeun eta, KPK menta izin heula ka Presiden ....ngaliwatan Mentri
Sekretaris Negara, nu mentrina ngadukeun katua KPK soal ieu. Jadi sang
Mentri nuduh ka batur, nu manehna sorangan nyaho jeung ngilu nanda-tangan
...hehehehe

Maca wartos ieu, sirah kuring jadi rieut, rieut ningali kalakuan para
politisi di Indonesia, siga nu geus teu boga kaera. Sanajan geus kanyahoan
tutunjuk manehna teh akhirna nunjuk manehna sorangan, hih ... angger we
nyarios bulat-beulit, leueur siga belut. Padahal sang Mentri teh boga
pangkat Professor, nu nunjukkeun manehna teh "kaum akademisi". Biasana
"Kaum Akademisi" dihormat lain kulantaran ku pangkat jeung harta, tapi
kulantaran "bebeneran" nu dicekel pageuh!

Baktos.
WALUYA

Kirim email ke