muhun, eta leureus kang anu diutarakeun padamelan2 akal.
ieu tos tidituna padamelan akal, nyambung2keun fenomena,informasi,
data2,ningali sistem2 atanapi ngadamel sistem2,jrrd
numawi akang tiasa nyidikan, yen eta dongeng Sangkuriang teh
aya nu teu lebeut di akal, disandingkeun kana ucapan2 tina seler
sejen anu nyebatkeun urang sunda anak Tumang tea...

mung, da dongeng eta mah maksadna kanggo hiji siloka, hiji
simbul urang kedah uninga kana perkawis hakiki kurung sareng
KURINGna...

ari hakikat aya nu tiasa diproses ku akal, aya nu teu tiasa...
mangga geura "anclom"...pan salami puluhan taun urang tos pada2,
sami wae nyekeutan akal. Percanten abdi yen di babakan ieu jalmi
palinter wungkul,akalna. komo akang mah...abdi mah jigana moal
aya satengah2na tina iq akang.
kumargi abdi hoyong nyeepkeun kapanasaran pang badagna tina
sagala kapasaran, nyaeta panasaran ka Allah...

tapi saur akal nyarios teh:
"abdi mah taluk...moal tiasa nyarengan kapanasaran anjeun...ke bilih anjeun
lepat ngudagna...nu pasti mah upami sareng sim kuring moal2 dugi2...alih2
dugi...anjeun tiasa stress..." kitu geuning sanggeumna...

nya ku sim kuring teh diwaler bae : "Atuh upami kitu mah...upami abdi nuju
neteupan, atanapi midamel anu 5 waktos...ulah waka ngingiring,nya?...
mun anjeun ngingiring, anjeun kalah ngagambarkeun angka2, damelan,
rangkaian elektro, mesin,system, analisa2 anu teu acan rengse 
dipungkas,artos,
malah kadang anjeun mah sok sering ngagambarkeun istri, kadang mah sok ku
anjeun teh digambarkeun bujurna,susuna, sareng anu sanesna.

saur akal : "Tah numawi kitu...abdi mah moal tiasa mapag kapanasaran anjeun
anu eta mah...sanes bagean abdi kanggo kapanasaran eta mah...upami kanggo
eta mah abdi sieun anu atos2...diseuseulan ku anjeun...."nyingkah si 
jahiliyah siahh!!"
pedah jiga kaum jahiliyyah nu resepna emut,ngagambarkeun tuangeun, 
leueuteun,
artos, istri, harta.
atanapi dihaok ku anjeun kusebatan "si materialis maneh, nyingkaaah!!!" 
pedah
sok bae emut/ngagambar hubungan sebab akibat, emut teknis2, 
data2,sistem2,jrrd.
aaaaahhhh....tos dihaok sagala rupi weh abdi teh ku Anjeun...saha atuh 
si Anjeun teh...
abdi meni sieun...
tos weh upami kitu abdi nyandak bagean abdi weh, upami anjeun tos rineh 
nuju teu
ngudag kapanasaran ngudag ka "ADA DEH"...(anjeun nyebatna kitu). duka 
eta teh rusiah
anjeun , duka teu tiasa dijelaskeun/dirarapkeun ku abdi....mangga we 
lah...pokona mah.

diwaler deui :
"Eh...nya punten we atuh dulur...sanes abdi maksad bade 
hahaok,nyarekan...punten punten...
Nya mun kitu mah nuhun we atuh...tong hariwang da ayeuna wae anjeun pang 
kaanggona
ku abdi teh...dianggo damel, dianggo ngemut, dianggo 
nganalisa,jsjb...kaleum...kaleum...tong
pundunk...

(ti saprak eta, sok lessss weh tara ngiringan deui upami abdi nuju 
ngudag kapanasaran anu
pang gede2na kapansaran kuring salila hirup...)


tapi da memang teu dilarang oge akang bade no'ong tina teknis
fragment,runduyan carita...teu nanaon.
intina mah jigana...jigana ieu mah... inti dongeng teh 
nyilokakeun,nyimbulkeun naon nu
aya di urang-urang keneh...

upami bade diproses ku akal oge teu sawios pisan...justru kedahna ku 
akal heula, kulantaran
timbul akhir2na aya patarosan ka nyalira....(duka saha nu naros, saha nu 
ditarosna mah...)
"jadi carita naon ieu teh atuh?...naon maksudna? naha carita teh 
kieu...?? naha si Tumang
anu gogog bisa boga budak sangkuriang? naha beut parahu bisa jadi gunung?
naon atuh maksud ieu carita tehhhh?....

saur kang firmanjul mah, punten : "you are so genius, you have 
masterpiece on your brain...
on your right - nothing left, on your left-nothing right"

nuhun kang,mh...keep up ur brain smart and genius...


hatur salam,
Jaka.


mh wrote:

>
> kang jaka, ari numutkeun panoongan kuring mah, naon wae subjekna nu 
> dibahas, rek dongeng, rek legenda, rek penomena alam, rek mitologi, 
> atawa naon wae, tungtungna moal jauh ti mateakeun logika alias akal. 
> naha aya alat sejen kitu, nu dipiboga ku manusa, pikeun ngajawab 
> sagala kapanasaranana, kajaba ti akal. anapon rasa jeung panca indra, 
> eta mah 'sparing partner' keur ngabantuan pagawean akal. pikeun conto, 
> naon nu dipedar ku kang engkus, oge bah siddik, pikeun nyurahan 
> dongeng sangkuriang, taya lain ti hasil matekeun akal. tangtu kang 
> engkus, oge bah siddik, dinya nyurahan subjek nu sarua baris 
> kapangaruhan ku pangaweruh jeung naon nu kungsi kabaca jeung karasa ku 
> pribadina sewang-sewangan. eces, dina naon nu ditepikeun ku bah 
> siddik, geus disurupkeun jeung pangaweruh elmu hayat. ari 
> nyambung-nyambungkeun pangaweruh nu geus aya, jeung subjek nu dibahas, 
> pikeun ngoreh jadi pangaweruh anyar apan eta teh pagawean logika. (mh)
>
> On 2/21/07, *Jaka* <[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]>> wrote:
>
>     muhun eta mah...lepatna anu nyebatkeun eta, yen urang sunda
>     katurunan Sangkuriang atau si Tumang...
>     da eta mah mung saukur dongeng Legenda anu diciptakeun ku
>     sepuh2 / luluhur urang...
>     hampir tiap2 dongeng, aya untuy anu teu lebeut logika, saupami
>     di barungkeun sareng kaayaan ayeuna.
>     dina dongeng eta,jelas2 eta mah dongeng salingkungan subjek2
>     anu aya dina dongeng eta.
>     eta dongeng saleresna dongeng/sasakala anu pami dilogikakeun
>     moal repok.
>     da eta mah dongeng anu maksadna ngelingan ka urang sadaya,
>     dongeng Sunda, dongeng ma'rifat-hakekat...dongeng kanggo
>     ngemutan sangkan urang tong hilap kana purwadaksi, nu sajati.
>     bingah yen urang sunda mah jarang ngadongengkeun batur,
>     numawi dongeng2 kapungkur eusina ngadongengkeun nu teu
>     jauh tina hal eta.
>     Dina caritana biasana Subject-objekna teh janten siloka anu kedah
>     diguar...anu siloka eta teh moal jauh tina : kasajatian, kasucian,
>     kuring-kurung, tabeat2 dina diri,jrrd.
>
>     atuh anu nyebatkeun urang sunda turunan si Tumang, turunan
>     Sangkuriang, jelas2 jigana sanes nu tiasa ngaguar eta maksad dina
>     dongeng. KUmargi dongeng anu ngajanten legenda di urang sunda
>     teh dongeng Sangkuriang eta, duka nuju ngewa atanapi kumaha,
>     inget kana dongeng eta...brollll weh nyebatkeun urang teh turunan
>     anu aya dina dongeng2 eta...padahal sidik (sanes apih siddik) eta mah
>     saukur dongeng wungkul.
>
>     Mung ieu dongeng upami diguarna ku logika, aya nu kirang...da sanes
>     karya ilmiah.
>
>     upami bade diguar ku bab kasajatian,hakekat diri-diri urang ieu mah
>     memang repok, ieu dongeng berkualitas sareng salah sawios dongeng2
>     anu tiasa ngelingan.
>
>     Upami bade ku sastra per sastra-an ieu dongeng janten kajian anu
>     "menarik" kanggo dijantenkeun proyek galieun....
>
>     Upami bade diguar ku sajarah,antropologi,geografi menarik oge...sugan
>     weh mendakan atanapi janten pangbuktos ieu dongeng teh kajantenan
>     atanapi sanes...sabab aya nu nyarioskeun anu pamendak di guha Pawon
>     teh cenah eta jaman Sangkuriang-dayang sumbi tea...tapi teu acan
>     aya deui warta deui ieu teh.
>
>     tapi dinu lebeut manah, ieu wadah nampi yen ieu teh dongeng siloka,
>     potret anu aya dinu diri urang, anu kedah dicukcruk, dipiluruh ku
>     urang
>     kanggo dugi kana kasucian lan kasajatian.
>
>     ngagedor masalah anu tarekat2 tadi:
>
>     Upami teu lepat mah aya tarekatna Mama Mei teh...mung duka
>     ditancebkeun
>     duka henteu benderana...da inti tarekat mah "ngadameulan" atanapi
>     "dameul"na.
>     upami namina mah duka tarekat daya/budaya tea duka tarekat
>     Kartawinata.
>
>     hapunten nu kasuhun pami teu sae, teu nyekon, kirang masagi...
>     pun ampuuun...
>
>     Hatur salam,
>     pun Jaka.
>
>     rampes,
>
>
>  

Kirim email ke