Ih ....kuring mah  malah kaduhung, lain ti baheula wae aya wamil teh,
meureun ayeuna paling henteu boga pangkat Kopral. Lumayan jang gagayaan ka
mitoha .....hehehehe. Heueuh pan jaman Soeharto mah, tantara teh
di"istimewa"keun pisan, warga nagara kelas hiji pokona mah. Tah lamun aya
wamil mah, tantara moal jadi istemewa, da sarerea oge tantara atawa kungsi
jadi tantara. Moal aya jalma asa pangakangna dina ngabela nagara terus
ngarasa boga hak "istumewa" ti nagara.

Ceuk beja mah, ide soal Wamil teh ti jaman Orba keneh geus aya, ngan aya
nu teu satuju. Salah sahiji nu teu satuju, ....... ti tantara sorangan. 
Kaharti ari kituna mah, sabab Wamil bisa ngaleungitkeun "kakhususan"
tantara. Oge meureun soal biaya, lamun nu umur 18-21 taun wajib
wamil.....hartina nagara kudu nyadiakeun duit sabaraha tah ...

Baheula keur sakola, Guru nerangkeun yen aya  nagara nu teu boga tantara,
nyaeta Swiss. Percaya we, da ceuk guru aranna ge, sanajan bingung, kumaha
lamun aya nu nyerebu ti nagara deungeun. Tapi cenah, Swiss lain teu boga
tantara, ngan rakyatna masing-masing boga kaahlian militer, jadi lamun aya
nagara nyoba-nyoba nyerebu Swiss, kabeh rakyat Swiss bakal ngabela
nagarana, hartina ....rakyat swiss mah kabeh oge "tantara". Tapi eta ceuk
cenah .....cik ka baraya nu cicing di Swiss atawa nu terang perkara Swiss,
dongengkeun lah didieu .....

Baktos,
WALUYA


> From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> kang rh, memang jigana baris pikahariwangeun upama di toong palebah dinya
> mah. ngan, upama noongna lebah nu sejen, jigana aya hadena eta program teh.
> kiwari, lamun urang leukeun noongan kaayaan sabagean budak ngora, matak
> pikamelangeun.  teu saeutik budak ngora nu dedeganana jiga kieu: awak
begung
> rangkebong, buuk pupurintilan, ceuli diantingan, panon ceuleuyeu ngiceup
> ngan sabedug sakali. tah jigana kuayana wamil, eta kaayaan teh sugan bisa
> diubaran. paling heunteu, atuh bisa-bisa nyaring isuk keneh, ngarah rejeki
> teu beakeun ku hayam. eh, hayam na oge beak nya, hahaha. (mh)

Kirim email ke