Perkembangan Drama Sunda, langkung sae dicobian ngahubungi Bapa Dadi Danusubrata, bumina di Margawangi RT 01 RW 17, anjeuna ti Teater Sunda Kiwari nu maneuh ngagelar lomba Drama Sunda meh unggal taun. Dina kaping 23 Maret 2007 nu bade dongkap ge bade ngayakeun pagelaran drama Sunda di Rumentang Siang. Enjing insya Alloh no telepon anjeuna di posting via japri, bade ditaroskeun heula.
MSasmita ----- Original Message ----- From: ading Smith To: [email protected] Sent: Saturday, February 24, 2007 9:16 PM Subject: [Urang Sunda] bade tumaros perkawis drama bismillahirrahmanirrahiem Sampurasun... sateuacanna nepangkeun sim kuring mahasiswa smester IV sastra sunda UNPAD kaleresan dina smester ieu sim kuring nyandak mata kuliah telaah drama, anu dina smester ieu eta mata kuliah teh ngawajibkeun sim kuring ngayakeun hiji presentasi ngeunaan Perkembangan Drama Sunda, kukituna sim kuring neda bantosan saderek sadayana nu langkung senior sareng lakung terang perkawis drama, sim kuring peryogi pisan kanggo referensi sareng pami aya mah sim kuring oge peryogi salah sahiji naskah drama pikeun panalungtikan sim kuring. hatur nuhun kana sagala perhatosan sareng bantosanana, diantos pisan waleranana... hatur sewu nuhun.... baktos pun salma

