Waalaikum salam wr. wb.
  Rampesss...
  ............ (duka nu ieu mah...)
  Wilujeng ngariung deui..., mulih tapa timana ieu teh dugika 
ampleng-amplengan..??
   
  ssw
  

MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
          
Assalamualaikum Wr.Wb,
Sampurasun,
Gong Shi Fat Choi 
Kanggo baraya KUSnet sa alam Dunya.

Wilujeng Patepang deui, mugi urang sadaya aya dina
panangtayungan anu Maha Kawasa.
Kanggo baraya KUSnet anu nembe ancrub dina milis ieu, 
wilujeng gabung, hayu urang soson-soson ngamumule
basa & Budaya Sunda. Kumaha carana? Nya ku jalan
ngedalkeun naon-naon anu karasa, kapikiran,
katingali, karandapan ku diri pribadi, dina basa
Sunda.
Aeh, enya hilap, tacan ngawanohkeun maneh. Ari wasta
(nami) mah pun M Rachmat Rawyani. Naon M na the. Sobat
kuring sok nyalenggorkeun M the jadi Matthew atawa
Matius. Tapi ari sobat kuring anu ngasuh milis anak
berbakat, sok ngalandih Pak Mamat. 
Tos buntutan dua, anak kahiji lalaki (Adang Wachyu)
umur 10 taun, Nu kadua awewe (Nenden Wulan) 9 taun.
Ari pakasaban (padamelan) mah di Kampus UI depok, di
bagian anu aya pakaitna kana ngokolakeun informasi.
Naon deui nya? Pun Bojo, asli Sunda, urang Cianjur
kalahiran Jakarta. Damelna di kementrian anu
migeuykeun awewe (Pemberdayaan Perempuan), nenehna
Lieska Prasetya.

Eta di luhur aya basa Gong Shi Fat Choi, pedah wae
bulan ieu teh masih dina suasana imlekan. Nurutan pa
SBY ngareuah-reuah bangsa urang anu katurunan ti
Tiongkok tea. Ceuk cenah kuring oge aya turunan ti
Tiongkok, nyaeta rerehanana katuruan Gunung Jati
Cirebon. (ceuk cenah dina buku palajaran waktu kuring
di SMP, karuhun bangsa Indonesia teh ti tiongkok
kidul).Tapi kuring tara pati percaya, da boga prinsip
yen hiji manusa teh anu bakal ditingali ku masyarakat
mah hasil karyana, paripolahna dina ‘bermasyarakat’,
amal ibadahna. 

Sakitu wae heula minangka bubuka, tulas tulis di
KUSnet. Karasa mani asa karagok, da tara dilalanyahan
nulis dina basa Sunda.

Baktos,

mrachmatrawyani




      Recent Activity
    
      9
  New Members

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Search Ads
  Get new customers.
  List your web site
  in Yahoo! Search.

    Yahoo! Mail
  Drag & drop
  With the all-new
  Yahoo! Mail Beta

    Yahoo! Photos
  Upload Now!
  First 20
  prints are free



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke