nembe mulang ti pakidulan Pih. Biasa lah di kidul
(maksad teh kampus Depok pan kiduleun Jakarta) nuju
seueur acara, kabagian cakah cikih, sareng nuju
cipika-cipiki (kecap ieu kenging ti teh Ika sanes ti
acara tipi)anu aya pakaitna sareng padamelan.

Upami tos aktif ngiringan milis KUsnet teh, sok teu
tiasa ngerem maneh, waktos damel seep seseratan milis
wae. sok janten "cul dogdog tinggal igel".

Kenging wartos ti Pun Bojo (sobatna Gemala, rakana
Halida) saurna tos resmi. Leres kitu Pih?
Benten sareng rerencangan kuring di FISIP, selebritis
manten anggota KPI, eta mah terang-terangan "ngadua".
Aduh janten ngagosip yeuh sareng Sepuh. Punten baraya
KUSnet, ieu mah obrolan pribadi, di delete wae. 
Kumaha tuang putra teh, damel dimana ayeuna? Aduh mani
sono kana ginsengna yeuh. tadi enjing kuring
ngaginseng campur madu ti kalimantan. Ginseng kenging
kurah-koreh ti lomari. Persediaan tos seep Pih.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Waalaikum salam wr. wb.
>   Rampesss...
>   ............ (duka nu ieu mah...)
>   Wilujeng ngariung deui..., mulih tapa timana ieu
> teh dugika ampleng-amplengan..??
>    
>   ssw
>   
> 
> MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
>           
> Assalamualaikum Wr.Wb,
> Sampurasun,
> Gong Shi Fat Choi 
> Kanggo baraya KUSnet sa alam Dunya.
> 
> Wilujeng Patepang deui, mugi urang sadaya aya dina
> panangtayungan anu Maha Kawasa.
> Kanggo baraya KUSnet anu nembe ancrub dina milis
> ieu, 
> wilujeng gabung, hayu urang soson-soson ngamumule
> basa & Budaya Sunda. Kumaha carana? Nya ku jalan
> ngedalkeun naon-naon anu karasa, kapikiran,
> katingali, karandapan ku diri pribadi, dina basa
> Sunda.
> Aeh, enya hilap, tacan ngawanohkeun maneh. Ari wasta
> (nami) mah pun M Rachmat Rawyani. Naon M na the.
> Sobat
> kuring sok nyalenggorkeun M the jadi Matthew atawa
> Matius. Tapi ari sobat kuring anu ngasuh milis anak
> berbakat, sok ngalandih Pak Mamat. 
> Tos buntutan dua, anak kahiji lalaki (Adang Wachyu)
> umur 10 taun, Nu kadua awewe (Nenden Wulan) 9 taun.
> Ari pakasaban (padamelan) mah di Kampus UI depok, di
> bagian anu aya pakaitna kana ngokolakeun informasi.
> Naon deui nya? Pun Bojo, asli Sunda, urang Cianjur
> kalahiran Jakarta. Damelna di kementrian anu
> migeuykeun awewe (Pemberdayaan Perempuan), nenehna
> Lieska Prasetya.
> 
> Eta di luhur aya basa Gong Shi Fat Choi, pedah wae
> bulan ieu teh masih dina suasana imlekan. Nurutan pa
> SBY ngareuah-reuah bangsa urang anu katurunan ti
> Tiongkok tea. Ceuk cenah kuring oge aya turunan ti
> Tiongkok, nyaeta rerehanana katuruan Gunung Jati
> Cirebon. (ceuk cenah dina buku palajaran waktu
> kuring
> di SMP, karuhun bangsa Indonesia teh ti tiongkok
> kidul).Tapi kuring tara pati percaya, da boga
> prinsip
> yen hiji manusa teh anu bakal ditingali ku
> masyarakat
> mah hasil karyana, paripolahna dina ‘bermasyarakat’,
> amal ibadahna. 
> 
> Sakitu wae heula minangka bubuka, tulas tulis di
> KUSnet. Karasa mani asa karagok, da tara
> dilalanyahan
> nulis dina basa Sunda.
> 
> Baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> 
>       Recent Activity
>     
>       9
>   New Members
> 
> Visit Your Group 
>   SPONSORED LINKS
>       
>    Culture change  
>    Corporate culture  
>    Cell culture  
>    Organization culture  
>    Tissue culture
> 
>       Search Ads
>   Get new customers.
>   List your web site
>   in Yahoo! Search.
> 
>     Yahoo! Mail
>   Drag & drop
>   With the all-new
>   Yahoo! Mail Beta
> 
>     Yahoo! Photos
>   Upload Now!
>   First 20
>   prints are free
> 
> 
> 
>   .
> 
>  
>          
> 
> 
> http://cikundul3.multiply.com
>   Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
>   Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
> 




 
____________________________________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091

Kirim email ke