Februari tanggal 18 taun 2006 Mang Ayat mulih kajati
mulang ka asal. Asana mah kuring meunang sms ti Teh
Ika, tah Ika ti Mang Jamal, mang jamal ti kang….. anu
damel di majalah Cupumanik. Mang Ayat Pupusna di
Sukabumi nuju berobat alternatif. Waktu di rawat di RS
Cikini, poe jumaah (kuring masih inget sabab shalat
jumat heula di salah sahiji kantor di jalan raden
Saleh) kuring, kang Mumu (dosen FIB) jeung kang
Kumincir, ngahaja ngalongok Mang Ayat. Ceuk istrina
teh, mang Ayat tos teu betah di Rumah Sakit. Harita
teh Mang Ayat ngomat-ngomatan supaya SIMPAY aktif
ngayakeun diskusi anu aya pakaitna jeung Kasundaan. Ka
Kuring Mang Ayat ngomat-ngomatan supaya menta bantuan
ka Kang Acil (Bimbo) jeung Pa Sudradjat Nataatmadja
(Bupati Bogor manten), supaya ngaramekeun kagiatan 
SIMPAY. Amanat mang Ayat ku kuring tos didugikeun ka
Kang Acil via sms. Ari ka Pa Sudradjat, nepi ka ayeuna
can ditepikeun, teu aya informasi dimana bumi
anjeunna.

SIMPAY hiji ideu ti mang Ayat, sangkan di UI aya
Program studi anu husus nalungtik perkara basa &
Budaya Sunda. Taun 1960 an Fakultas Sastra UI (Ayeuna
robah jadi Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya/FIB)
ngabuka program Studi Sastra Sunda, tapi kusabab teu
aya peminat jeung teu “Provitable”,  ditutup. Ayeuna
nu aya teh Program Studi Sastra Daerah/Sastra Jawa,
anu nalungtik Budaya Jawa. SIMPAY the hiji jalan
pikeun ngabeungkeut para dosen di UI ti sagala widang
studi, anu aya minat nalungtik kana Kasundaan. Upama
geus wancina direncanakeun rek muka program Sastra
Sunda di FIB. Dua tahun katukang ieu SIMPAY ngayakeun
diskusi bulanan. Wacana anu geus disawalakeun
diantarana perkara prasasti Karajaan Sunda Heubeul
(Tarumanagara), wangunan candi khas Sunda, kasenian
debus, situs di Bogor, basa Sunda dibandingkeun jeung
basa sejenna (ditepikeun ku Urang Jepang), pagelaran
upacara seren taun, Ayip Rosidi jeung komitmen
kasundaan, diskusi basa Sunda di Internet,jrrd.

Kuring “ditatarik” ancrub ka SIMPAY, pedah wae 
ngundang Mang Ayat wawancara khusus jeung baraya
KUSnet. di studio rekaman Broadcast Center (BC) FISIP
UI. Harita Kang Tirta jeung Kang Ikmal diskusi mani
pogot jeung Mang Ayat aya kana sajamna. Waktu KUSnet
Jakarta ngayakeun acara kopi darat di Hotel Santika
jakarta, mang Ayat oge jadi salah saurang nara
sumberna (video rekamanana aya dimana nya?). Asana teh
nepi ka ayeuna prestasi KUSnet Jakarta ngayakeun acara
di Hotel Santika can bisa ditandingan deui yeuh.
(kamana wae yeuh Kang Tirta jeung Teh Imas jeung kang
Akos, tara ngulampreng ka milis KUSnet). Jaman harita
mah, asana teh baraya KUSnet mani guyub pisan, lamun
aya acara KUSnet mani gasik daratang. Pedah eta
meureun baheula mah loba waktu pikeun nungkulan hiji
acara.

Balik ka soal mang Ayat. Bilih aya baraya KUSnet
hoyong rekaman video Mang Ayat diwawancara ku Kang
Tirta jeung kang Ikmal,  daftar ka kuring, ke dipang
ngopikeun. Perkara waragad mah,  pasihkeun wae  ka
kencleng KUSnet.


Baktos,

mrachmatrawyani


 
____________________________________________________________________________________
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/

Kirim email ke