basa uing di Manado...INA timur dll nganjang ka kumpulan US diajak ku US eh naha bet ka uing mah ari nyarita make basa manado, nya dijawab ku basa INA. pajarkeun teh :"balogat ngana neh, sok jawa". (jawa=jak/bog/bdg). heueuh da uing teh karek dua poe can bisa basa Manado, dianggapna ngajago.
Da eukeur di kumpulan US, ah uing ngajawab ku basa US. beledag teh omongan :"ari sia lain tatadi ngajawab teh make basa sunda!!" har ari nyaneh!! bet nanyana make basa INA atuh. jadi? -----Original Message----- From: Iwan [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, February 27, 2007 2:06 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Matinya Bahasa Sunda Jigana mah di bandung wungkul urang sunda nu areraeun make basa sunda mah. da lamun kuring pareng balik ka lembur (banjar), alhamdulillah sapanjang jalan mah manggihan urang sunda ngomong teh ku sunda wae.. ti mimiti asup ka kapal feri di palabuhan bakau, tukang parkir make basa sunda, kitu deui tukang asongan, katut sabagian abk nu urang sunda, ngobrol teh angger ku sunda.

