Kang Iman, mun hayang neangan batur ngomong Sunda, atawa neangan urang Sunda di dayeuh, urang kudu make basa2 konci nu netelakeun yen urang teh urang Sunda (bisa basa Sunda). Contona bae, make kecap 'punten' pikeun ngaganti 'permisi', 'kang' pikeun ngaganti 'mas' atawa 'bang', 'teh' ngaganti 'mba', jsb. Ku jurus eta, kadang hiji dua sok nyanggut. Nya ari jeung nu geus puguh urang Sundana mah, paksakeun bae nyarita ku basa Sunda, lila2 jadi biasa geura... Hiji waktu mah kungsi nyanggut pisan ka mojang, ngan ieu mah lain kusabab manehna sigana resep ku urang Sunda. Sanggeus lila ngobrol uplek, kakara kuring sadar, yen nu diuk gigireunana beulah ditu teh kabogohna anu keur dipaseaan. Ngahajakeun ngarah timburu!!! Kerewedel teh....
On 2/27/07, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
saumur-umur di batawi can pernah aya anu nanya ku basa sunda malah mindeng na mah nu nanya teh make basa wetan nya ngarumasakeun boga beubeungeutan teh siga urang wetan lamun rek nanya ? ah sarua we jeung batur, ku basa malayu ...........

