Sapuk Kang Iwan, abdi kantos linggih di dua kota ageung Jakarta & Bandung. Pami 
Jakarta mah tos puguh da timana mendi jalmi ngajugjug ka ibukota, pantes 
campuradut oge. Tah, pami urang Bandung salian ti seueur seler sejen nu 
ngumbara ka Bandung, seuseurnamah nu gengsian nyarios Sunda, ieu panginten nu 
disebat Sunda Bandung tea.
 
Emut ka carogena pun bibi nu kantos kuliah di Bandung. Harita masih keneh 
bobogohan, uih ka lembur libur semesteran nyariosna teh Sunda campur 
Malayu,"Nyi beginih, nanti Aa mapagkeun ke kaler, abis dari kaler langsung ke 
wetan*" ngadangu kitu pun Bapa nyarios,"Aneh nya di Bandung mah Sundana teh 
kitu?..."
 
Abdi kantos praktek ngawulang di SMA Pasundan 8, kaleresan aya barudak UPI nuju 
praktek oge. Bari ngantosan guru pembimbing, ngobrol sareng hiji mahasiswa 
ngaler ngidul*tadinamah nganggo basa Indonesia digilekeun weh ku abdi nganggo 
basa Sunda, saurna teh,"Abdi mah nembean mendakan jalmi nu ngahaja nyarios dina 
basa Sunda, da seuseurnamah kalahka nganggo basa Indonesia*"
"Harrr*naha? Pan urang teh sami2 urang Sunda sanes?" Dikitukeun kalahkan mesem.
 
Alhamdulillah pami abdi wangsul ka Sumedang (di lembur) mah ampir sadayana 
nyarios basa Sunda. Nya, kahartos da lingkunganana oge nyarios Sunda. Ketang, 
seueur oge urang lembur nu nembean ngumbara komo ka Jakarta, sakudak sakedik 
nyarios Malayu*weleh-weleh (eh, Jawa ieu mah*)*ni sareukseuk da logatnamah 
angger Nyunda heheh. Di Sumedang (kotana), pami jajap pun biang ka Kodim 
nyandak pangsiunan, sok seueur nu nyarios Malayu. Dimaklum ieu mah, da nu 
namina komplek ABRI, Bhineka Tunggal Ika. 
 
Pun biang sakapeung sok ngangluh,"Ni hararese hayang boga minantu ka urang 
Sunda deui teh, meh boga turunan asli urang Sunda*". Da kumaha deui ari linggih 
di kota ageung nu campuradut sareng seler sejen sareng tos jodona ti Pangeran 
kedah kitu, kumaha? Antukna salah sahiji jalan ngamumule basa Sunda di bumi, 
salian minantu2 nu seler sejen "dipaksakeun" kedah nyarios basa Sunda. 
 
Pamendak abdi mah, nerapkeun basa Sunda saena ti aalit. Pun alo nu yuswana 5 
sasih, ramana urang Lampung, ku ibuna direncanakeun kedah terang & diajar basa 
Sunda. Ku abdi sok dihaja diheureuyan, bari ngadadahan ku panangan ti luhur, 
e'a teh sok resepeun,"Kauk*kauk*kamana si julang eunteupna*.kadieu!!! (bari 
noel pangambungna nu demes*) langsung dieleketek heheh*
 
ro2
 


>>> [EMAIL PROTECTED] 02/27/07 02:05PM >>>

Lamun urang lampung balik ti dayeuh, pokna teh (make logat lampung):
"Saya ini bukan sehari - dua hari tinggal di jekerta... tiga hari. sudah nggak 
bisa lagi ngomong lampung..!!"
(logat lampung lamun ngomong jakarta = jekerta).

tapi lamun di pelosok, sangkan aman urang kudu bisa ngomong lampung + logatna, 
loba jawara euy... sok anti - pendatang kituw..

jadi lain di sunda wungkul yen basa daerah teh eleh ku basa nasional.. ngan 
dumeh gegedén di nagara urang lolobana Jawa, nya basa jawa teh jadi bahasa 
nasional oge...

kitu.. meureun eta ge.. da kuring teu nganjang ka sukabumi, cianjur, garut.. 
jrrd..

mangga ah..

iwan
ukurpipilueun

Kirim email ke