Moal kitu nu dimaksud teh jatinangor ? atawa nu disebut bukit tunggul tea geuningan dina kawih aya kieu
"Mun ningali ti bandung ka palih kidul gunung malabar ngajegir palih kaler bukit tunggul burangrang nu hiji deui tangkuban prahu di gendeng" Kang asep, pedah we baheula pernah diajar jentrang jentreng ngan hanjakal ari ayeuna mah geus paciweuh jeung kuli jadi wae ngan bisa dina komputer ......... On 2/27/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kang rumasa teu apal ka lagu nataan gunung mah. ngan lirik nu ieu "Gunung tanpa tutugan, Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang", mah sering ngadangu. dina tembang nu dihaleuangkeun ku kang darso. judulna maripi. santos ngadangu sok hayang nanya. ari gunung sumedang teh di mana? naha ukur meh murwakanti jeung katunjang kitu? nu sabenerna mah euweuh. dh On 2/27/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kahatur kang Iman, > > Geningan sami sareng simkuring, resep kana Cianjuran. > > Mung, upami henteu lepat nguping, kecap anu dimaksad teh "sasaka domas" > > Upami henteu lepat nguping, rumpaka tembang Nataan Gunung anu > dihaleuangkeun ku ibu Mamah Dasimah sareng pa Didin S. Bajudri ti Lingkung > Seni Sasaka Domas teh sapertos kieu: > > Gunung tanpa tutugan > > Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang > ._,___ >

