Rame geuning paguneman basa Sunda dicipta Walanda
jeung basa Sunda "paeh" teh. Tapi teu acan pati eces
kacindekan naon anu rek ditarik dina hasil paguneman.
Ieu mah opini kuring, bisa salah bisa bener.
Tapi mang Ayip Rosidi mah waktu diskusi dina acara
SIMPAY sababaraha waktu katukang, tos miheulaan
"ngamangpaatkeun" Walanda si "pencipta" basa Sunda.
Nyaeta ku cara nitipkeun surat-surat pribadi Mang Ayip
Rosidi ti taun 1970 an (keur aktif jadi pangurus Dewan
kesenian Jakarta) nepi ka taun 1990 an, di Universitas
Leiden, Walanda. Tah, mung hayang terang kumaha
pogotna wacana Mang Ayip jeung Gupernur Ali Sadikin,
nya kudu natamu ka Walanda.
Naon kasang tukangna make dititipkeun ka Walanda, teu
pati jelas. Tapi sakumaha anu disaurkeun ku Bah Willy
(Kamg Waluya) baheula di milis ieu, Walanda teh "jago"
dina soal ngarsipkeun dokumen-dokumen. Sigana wae
pikiran mang Ayip  Visioner pisan. Lamun Basa Sunda
enya bener "paeh", tapi masih aya gagasan jeung
pikiran Urang Sunda "terarsipkan" di Walanda.
Tah, ceuk kuring mah upama kasimpulan paguneman
perkara basa Sunda Ciptaan Walanda nepi kadinya,
hartinya para anggota milis urangsunda teh bener
visioner.

baktos,

mrachmatrawyani




 
____________________________________________________________________________________
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
http://new.mail.yahoo.com

Kirim email ke