Salah sahiji kaistimewaan Basa Sunda teh seueur kecap2
anu deskriptip sacara alami (paling hentue nurutkeun
persepsi Urang Sunda)..mun kecap ngeunaan sora deukeut
ka sora aslina..mun kecap ngeunaan rupa seukeut kana
rupa sabenerna....jrrd., Contona ;

" Jelegur2 teh mani torek kana ceuli eta sora Mariem"
" Eta Banteng jeleger di bedil ku Pa lurah..langsung
kokosehan"
" Manuk golejra dina tangkal, jeletek weh dibedil ku
bedil angin si Nolednad"

"K areta api jurusan Banjar tabrakan pahareup-hareup
jeung jurusan Bandung Jogya di trowek, eta sorana
sugan mah mani ngajegur rongkah pisan"

Cobi bandingkeun sareng Basa Jawa; "Kereta api jurusan
Jogya-Jakarta di Kebumen tabrakan hebat kepala
lokomotif dengan lokomotif, dengan Kereta api jurusan
Bandung-Jogya,..krompyang". Ceuk ceuli Sunda...enteng
pisan...euy....




Contona ari Urang
--- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan kang Boim,
> 
> Oh kitu ku taeun teh. Tapi naha nya mingkin seueur
> nonoman Sunda anu henteu kersa nyarios Sunda. Moal
> kitu upaya ngamumule budaya ngalangkungan media masa
> elektronik masih kirang? Upami kitu, panginten
> faktor utamina mah di kulawarga. Upami para sepuh
> uang Sunda henteu ngabudayakeun basa sunda di
> kulawargina nya wajar para putra-putrina henteu
> atanapi kirang tiasa nyarios Sunda.
> 
> 


 
____________________________________________________________________________________
Looking for earth-friendly autos? 
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.
http://autos.yahoo.com/green_center/

Kirim email ke