Sampurasun,
  Simkuring tos lami pisan seuseur nampi email ‘laundry money’ nu cindekna 
ngajak gawebareng transfer-transferan artos. Biasana aranjeuna ngarang carita 
saniskanten rupi nu tungtungna nyuhungkeun/nawisan gawebareng.
   
  Bakating ku panasaran mangtaun-taun nampi email nu kitu, kamari simkuring 
panasaran ngabales email nu ceunah ti Benin, Afrika. Teu disangka, waleranna 
enggal pisan, malihan mah simkuring nampi telepon ti Benin.
   
  Simkuring oge kantos males eta email kalawan nyebatkeun hiji nomer rekening 
bank sareng sababaraha data sanesna.
   
  Mung kadieunakeun, simkuring rada mangmang sok sieun mayunan 
kajantenan-kajantenan nu teu nyugemakeun. Numawi, dina forum ieu, simkuring 
mundut ka parawargi nu kantos ngagaduhan pangalaman atanapi uninga perkawis ieu 
kasus, mugia tiasa babagi pangalaman atanapi pangaweruhna ka simkuring. 
  Hatur nuhun pisan kana perhatosan Aranjeun.
  

Firman Juliansyah
Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia
Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325
MP : +62 (0)81.320.656.905
YM & FS: [EMAIL PROTECTED]
http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto

 
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
 Try the free Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke