Kamari di Koran Rebuplika ngajeblak judul berita di
Republika Rektor Unpad Prof. Wihendra  "Mengundurkan
Diri", kamari pisan kuring pendak jeung Prof. Wihendra
dina acara Penandatanganan Kesepakatan BAPPENAS jeung
28 Rektor Paguron Luhur sa Indonesia.

Wartawan PR ngawawancara Rektor Unpad, soal
"mengundurkan diri" tea, ceuk jinisna teh, lain soal
mengundurkan diri, tapi geus dua kali  jeneng jadi
Rektor Unpad, jadi kudu aya regenerasi, anudi palsafah
Sunda mah pan aya silih asuh tea. tah geus wancina anu
"diasuh" mentas ngagantian genereasi tua.
Jabatan rektor Unpad anu dicangking ayeuna teh sipatna
sementara wae, nunggu kaputusan ti Depdiknas calon
depinitip Rektor Unpad. Perpanjangan jabatan ieu ngan
nepi ka tilu bulan ti awit bulan januari. Jadi Insya
Allah cenah Maret ieu, bakal turun calon jadi ti
Depdiknas.

Ari dina obrolan para rektor, saacan acara  dimimitian
mah, prof. Wihendra teh ngadongeng ka Rektor UI, cenah
 aya 6 calon, tapi anu diajukeun ka Depdiknas ngan 3
calon anu rengkingna pang punjulna. Kang Ganjar
Kurnia,  rengking kahiji anu bedana jeung rengking
kadua ngan 2 suara. Proses di Depdiknas ieu biasana
rada lila, soalna kudu disaluyuan heula ti Kementrian
Pendayagunaan aparatur nagara, dimana disaliksik heula
riwayat hirupna katut "trek rekorna". Kitu tah
komentar ti rektor Undip anu meunang beja ti rektor
UGM. Pan rektor UGM teh kungsi jadi Menteri
Pendayagunaan Aparatur Nagara.

Ngalangkungan forum ieu, kuring sacara pribadi, 99%
wawilujengkeun ka Kang Ganjar Kurnia. Mugi-mugi 1%
deui teh biluk kanu 99%.

baktos,

mrachmatrawyani





 
____________________________________________________________________________________
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/

Kirim email ke