Kamari di Koran Rebuplika ngajeblak judul berita di Republika Rektor Unpad Prof. Wihendra "Mengundurkan Diri", kamari pisan kuring pendak jeung Prof. Wihendra dina acara Penandatanganan Kesepakatan BAPPENAS jeung 28 Rektor Paguron Luhur sa Indonesia.
Wartawan PR ngawawancara Rektor Unpad, soal "mengundurkan diri" tea, ceuk jinisna teh, lain soal mengundurkan diri, tapi geus dua kali jeneng jadi Rektor Unpad, jadi kudu aya regenerasi, anudi palsafah Sunda mah pan aya silih asuh tea. tah geus wancina anu "diasuh" mentas ngagantian genereasi tua. Jabatan rektor Unpad anu dicangking ayeuna teh sipatna sementara wae, nunggu kaputusan ti Depdiknas calon depinitip Rektor Unpad. Perpanjangan jabatan ieu ngan nepi ka tilu bulan ti awit bulan januari. Jadi Insya Allah cenah Maret ieu, bakal turun calon jadi ti Depdiknas. Ari dina obrolan para rektor, saacan acara dimimitian mah, prof. Wihendra teh ngadongeng ka Rektor UI, cenah aya 6 calon, tapi anu diajukeun ka Depdiknas ngan 3 calon anu rengkingna pang punjulna. Kang Ganjar Kurnia, rengking kahiji anu bedana jeung rengking kadua ngan 2 suara. Proses di Depdiknas ieu biasana rada lila, soalna kudu disaluyuan heula ti Kementrian Pendayagunaan aparatur nagara, dimana disaliksik heula riwayat hirupna katut "trek rekorna". Kitu tah komentar ti rektor Undip anu meunang beja ti rektor UGM. Pan rektor UGM teh kungsi jadi Menteri Pendayagunaan Aparatur Nagara. Ngalangkungan forum ieu, kuring sacara pribadi, 99% wawilujengkeun ka Kang Ganjar Kurnia. Mugi-mugi 1% deui teh biluk kanu 99%. baktos, mrachmatrawyani ____________________________________________________________________________________ Do you Yahoo!? Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. http://new.mail.yahoo.com

