Patat
   
  Na ti mana ari ngaran kota Garut, nu kawentar ku dodol, domba, ajengan, jeung 
mojang geulisna? Tina Basa Sunda atawa Basa Malayu? Soalna, lian ti di Garut 
aya lembur nu ngaranna Kampung Malayu, garut dina Basa Indonesia mah singhoreng 
patat. Tutuwuhan nu istilah Latenna Maranta arundinacea. Mun ningali gambarna 
mah, keur kuring, ieu tatangkalan teh siga koneng atawa jahe. Daunna neros 
manjang, (sigana) watangna oge malapah.
   
  Nyanyahoanan soal tutuwuhan eta teh pedah bae tadi peuting babaturan ngadon 
ngawadul perkara pentingna “diversifikasi makanan pokok”. Pedah harga beas 
apung-apungan. Cenah, nepi ka Rp 6.000 sakilona. Nepi ka, cenah deui bae, 
alatan harga beas nu apung-apungan eta, bari sakapeung di warung euweuh pisan 
barangna, ayeuna geus mimiti loba nu ngadahar sangu aron atawa sangu gaplek. 
Kituna teh, sanajan harga beas ngapung teh  harga pare mah keukeuh bae 
samporet. Di mana undak ge teu saluhur harga beas. Ukur Rp 3.000 sakilo -- ceuk 
babaturan lian di Karawang.
  “Dulu, sebagian orang Madura menjadikan jagung sebagai makanan pokok, orang 
Maluku dikenal sebagai pemakan sagu, orang Papua sampai sekarang banyak yang 
makan ubi. Kenapa kita selalu harus makan nasi?,” ceuk babaturan nu ngajak 
ngawadul. Sabenerna mah kuring rek ngajawab: Lain bae perkara beasna, tapi oge 
kamampuhan masarakatna sorangan. Da, mun daya beulina alus, paling heunteu nu 
aya di kota-kota, bisa mareuli supermie atawa indomie. Malah, bisa meuli roti 
atawa steak – nu geus aya kentang jeung buncisna – nu bener-bener “beresih” 
tina unsur beas, bari gizina jelas leuwih alus.
  Sanajan asup akal ge, jawaban eta teh teu dipokkeun. Nu kaluar karah perkara 
patat tadi, nu kungsi dihucuhkeun basa Adi Sasono jeneng jadi Menteri Koperasi. 
Nya, harita pisan, taun 1998-an, kuring karak nyaho yen di dunya ieu aya 
tutuwuhan nu ngaranna patat teh. Kumaha bungkeuleukannana, nepi ka ayeuna ge 
can nyaho. Ukur ningali tina gambar. Jajauheun kana apal kumaha ngokolakeun 
atawa ngabudidayakeunnana mah. Ongkoh, pan kuring mah “menak” – lain patani? 
Malah, salila eta mah, saencan Adi Sasono jadi Menteri Koperasi, kuring 
nganggap Cipatat nu aya kuloneun Bandung teh ukur ngaran tempat kitu bae. Teu 
pakait jeung ngaran tutuwuhan. Paling ge pakait jeung warung kadu, ketuk tilu, 
jeung latihan nembak.
  Harita, basa Adi Sasono manggung, wuwuhan masih soak nyanghareupan efek 
krisis moneter -- loba jelema teu bisa meuli beas jeung loba nu di-PHK -- 
Habibie lain bae nyieun Departemen Koperasi Pengusaha Kecil dan Menengah, nu 
ngaluarkeun skim JPS. Tapi, oge nyieun Kantor Pangan dan Hortikultura. Hartina, 
aya karep nu leuwih daria pikeun nanjeurkeun “ketahanan pangan” – ku migeykeun 
sawatara tutuwuhan, dibarungan ku riset jeung pangwangunan bisnisna. Malah, 
asana, ti harita agrobisnis jeung sektor informal teh leuwih ceuyah – kaasup 
meletekna fenomena cafe jeung warung tenda. Loba korban PHK nu “arasup desa” – 
ngadon tataten, ngalakonan agrobisnis. Nepi ka Rano Karno ge milu gehgeran muka 
kebon kentang di Sawit, Purwakarta.
  Tah, salah sahiji tatanen nu diocal-ocal dina raraga “ketahanan pangan” teh 
nya patat ieu. Malah, sakumaha nu dipiharep ku konsep “ketahanan pangan” tadi: 
Mun tutuwuhan ieu (dibarungan ku kadele) geus dibudidayakeun kalawan hade, 
hasilna geus bisa nyukupan kabutuhan urang kana tipung tarigu; urang bisa 
tanggah nyanghareupan Amerika. Teu popoyongkodan bae siga salila eta – oge 
kiwari. Bubuhan, salila ieu, gandum nu jadi bahan nyieun tarigu – sakumaha 
kadele nu jadi bahan keur nyieun tahu nu jol ti RRC – diimpor ti Amerika (jeung 
urut Soviet-Rusia). Hartina, mun patat ieu bisa ngagantikeun gandum, urang bisa 
ngirit devisa. 
  Harita, perkara “politik patat” ieu lain bae dibarengan ku ngawangun LSM, nu 
jadi mode dina raraga nyanghareupan krisis moneter jeung “reformasi” -- nu 
hartina modus ngamangpaatkeun bantuan ti lembaga donor, meres pamarentah jeung 
pangusaha, katut nyalikong dana JPS. Tapi oge nepi ka diseminarkeun di 
Universitas Brawijaya, Malang, Agustus 1998. Seminar nu kawilang munel. Lain 
bae medar perkara ketahanan pangan tadi. Tapi, oge ngembrakkeun mangpaat, 
prak-prakan melak, nepi ka manajemen bisnis jeung strategi kalembagaan budidaya 
ieu tutuwuhan. Munel siga kitu teh kaharti. Saencanna, Juli 1998, Presiden 
Habibie ngaresmikeun “Program Pengembangan Tanaman Garut sebagai Bahan Baku 
Alternatif bagi Industri Pangan”. Kituna teh bari jeung nangtukeun sawatara 
wewengkon salaku pusat ngamekarkeun patat. Di antarana, mun teu salah inget, 
Banyumas.
  Hanjakal, siga nu remen kajadian di nagara urang: Pahibutna soal patat harita 
teh, kiwari, meh 10 taun sanggeus “dikariakeun”, asa euweuh tapakna. Karuhan 
soal “Ketahanan Pangan” mah. Naha kuring nu teu nyaho, atawa dua hal eta – 
patat jeung ketahanan pangan -- dianggap teu nyambung, kuno atawa teu parok, 
jeung prak-prakan liberalisme jeung globalisasi kiwari? 
   
  Makassar-Jakarta, 27 Februari 2007


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke