Para wargi, upami dietang-etang sasih siam kirang langkung kantun 6 sasih 7 
dinteneun deui, nyakitu boboran siam 1428H kirang langkung kantun 7 sasih tujuh 
dinteneun deui.
  Numutkeun pananggalan mah, boboran siam ninggang dina kaping 13/14 Oktober 
2007.
  Leres 7 sasih masih kaetang lami, namung upami urang unggal dinten ditapuk 
kukasibukan sadidinten eta waktos 7 sasih karaosna mung sajorelat.
  Sapertos biasa, manawi kawidian ku Allah SWT., aya rezekina sareng aya 
umurna, acara Halal Bi Halal diancer-ancerkeun, urang ayakeun dina kaping 20/21 
Oktober 2007 (aya usulan sanes...??).
  Kantun, anu teu acan aya ancer-ancer teh pitempateunana, sapertos biasa 
syarat kanggo pitempateun mah; merenah sareng mirah, teu tebih teuing ti "Sunda 
Kalapa" sareng teu tebih teuing ti "Tatar Ukur".
  Aya anu nawisan di Dago Resort sareng Pangalengan, kumaha kinten-kintena...??,
  atanapi aya anu kagungan usul di tempat sanes....??
  Mangga diantos, bilih aya anu kagungan usul tempat sanes.
   
  Pihatur,
  ssw 
  
 


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke