Pariwisata jeung Komunitas Adat (Sunda)
  (Ngengklokan seratan GK # 4)
   
  Sabenerna mah heurin ku letah ngembrakkeun naon nu rek ditepikeun ieu teh. 
Komo siga judul di luhur mah: Pariwisata jeung Komunitas Adat. Gampang 
disalahhartikeunnana. Lain bae dianggap nyanyahoanan. Tapi, bisa-bisa, kuring 
dituding rek ngaduitkeun kabudayaan. Ongkoh, baheula, kuring kungsi nyieun 
surat keur Kang Oman jeung Kang Ira nu enas-enasna sarua jeung naon nu rek 
dikacaprukeun ayeuna. Malah, asana leuwih lengkep jeung leuwih hirup – bubuhan 
dijieun mangsa haneut keneh “pagilinggisik” jeung sawatara “komunitas adat’. 
Ngan leungit. Teuing kamana. Bubuhan ngacapruk teh teu sirikna “total” jeung 
“daria”. Nepi ka neundeunna ge sarua ngacaprukna. Sakainget.
  Tapi bae, nya, nyanyahoanan atawa nyiwitan batur ge? Sugan bae aya 
mangpaatna. Paling heunteu keur nyalurkeun watek ngacapruk kuring. 
“Ditahan-tahan ge bisi jadi bisul,” ceuk si Jay mah. Leuheung mun mata bisulna 
teh sarupaning berlian atawa jamrut? Kumaha mun ukur batu koral? Bari ukur 
sagede mata peda? Dipake maledog reungit ge can karuhan bisa.
   
  Sabenerna mah heunteu pas istilah “komunitas adat” teh. Lain pedah euweuh. 
Tapi, nya heunteu pas we. Paling heunteu masih keneh loba nu kudu dipernahkeun 
atawa dijelaskan naon jeung kumahana nu ngaranna “komunitas adat” teh. Naha, 
misalna, (sawatara) urang Cisalak, Kadugede, Cibarusah, nu geus ngababakan di 
dinya ti jaman Pajajaran keneh, bari kahirupannana teu undak-undak, bisa 
disebut “komunitas adat”? Pon kitu deui sawatara kampung di Manonjaya -- nu 
kahirupan paekonomiannana teu jauh ti kaayaan karuhunna mangsa Wretikandayun 
masih jumeneng? Matak, sakapeung, nu disarebat komunitas adat ge sok narampik 
istilah eta teh. Da kasawang matak piributeunnana. 
  Kunaon atuh kuring bet make eta istilah? Eh, apan konsisten jeung 
“ngamasarakatkeun pangacaprukan” jeung “ngacaprukeun masarakat”. Sugan bae aya 
kasaimbangan jeung kasadaran anyar. Jeung nu ku kuring dimaksud komunitas adat 
di dieu taya lian masarakat atawa komunitas nu masih ngalakonan titinggal 
karuhun (aranjeunna). Naha nu mangrupa papagon, ajaran, atawa prak-prakkan 
sawatara (malah sakabeh) kagiatan dina kahirupannana. Intina mah nu masih 
ngalarapkeun tatali karuhun kalawan “pengkuh”.
  Demi nu kaharti ku kuring, papagon atawa adat titinggal karuhun nu nyampak di 
sawatara komunitas adat teh “teu pira”. “Ukur” nyangkut tilu perkara: Hal-hal 
(adat atawa papagon) nu pakait jeung sasama manusa, hal-hal nu pakait jeung 
alam di luar manusa (umumna alam nu mangrupa fisik, tutuwuhan hususna), jeung 
papagon nu pakait jeung Pangeran atawa nu dianggap Pangeran atawa hal-hal nu 
goib – nu aya tapi teu kadeuleu, malah teu karasa ku indra lianna. Leuwih 
nyangkaruk dina hate, manan “kaharti” ku akal. 
  Keur kuring, naon nu nyangkaruk dina papagon-papagon eta teh nyekrup jeung 
udagan modernitas atawa kamodernan. Tangtu bae di luar teknologi dina harti 
high tech sakumaha nu gumelar di Kulon, nu keur sabagean (paling heunteu ku 
John Lennon sabatur-batur) malah dianggap runtah nu ngotoran kahirupan. Oge, 
keur kuring pribadi: Di luar nu pakait jeung alam goib tadi -- utamana jeung 
Pangeran, jeung Gusti. 
   
  Contona, papagon nu nyampak dina upacara Ngalaksa, Rancakalong, Sumedang. Ti 
mimiti “badami”, “meuseul”, nepi ka “nginebkeun” kabeh miboga atikan nu luhung. 
Nu, kurang leuwih, mun diringkes: Dina raraga nangtungkeun kakuringan kuring nu 
kakurungan kurung teh, urang kudu hade ka sasama manusa, utamana ka indung 
bapa, oge ka tutuwuhan – dina hal ieu, nu utama, pare, salaku sumber kahirupan 
(kadaharan) poko.
  Enya. Mun dilenyepan, kumaha eta “upacara adat” miharep sikep nu “khidmat” 
(kuring keur teu manggih kocap Basa Sunda nu pas keur ieu sikep jeung 
prak-parakan) ka pare -- lain bae ka Pangeran, sasama, atawa indung bapa. Nepi 
ka, sakedapan, eta prak-prakan teh siga nu musyrik: Ngadon migusti ka eta 
tutuwuhan. 
  Salah saurang inohong di dinya, mangsa ngaguar mustika nu aya di tukangeun 
prak-prakan Ngalaksa, dugi ka nganggukguk. Nangis. Ku “nyerep”na eta atikan. 
Paling heunteu dina perkara kumaha “ngawulaan” pare. Mangsa dibuat ge anjeunna 
mah, cenah, cadu ngangge arit. Sok dietem bae. Komo bari jeung nincakan atawa 
ngagebot-gebot pare mah, siga umumna kiwari mangsa pare dipisahkeun tina 
rundayannana. Nyieun beasna ge tara digiling, tara diheler. Tapi ditutu dina 
lisung. Atuh prak-prakkan nyawah, ti mimiti milih bibit, nginebkeun, macul, 
ngarambet, jste -- cenah deui bae --  teu leupas tina prak-prakan jeung ugeran 
nu aya dina Ngalaksa. 
  Katingalina mah enya eta kasauran sepuh teh. Da, lian ti pare nu masih 
digeugeusan di leuitna -- nu kiwari geus arang katempo, boh leuitna boh pare nu 
digeugeusna -- di juru sawahna ge, anjeunna mah masih keneh masang sanggar. 
Paragi nyayagikeun tuangeun ka... Ibu Sri!
  Keur kuring, sakali deui, sikep “khidmat” kana pare siga kitu teh alus. Nu 
beh dituna, mun dilegaan, jadi sikep nu “khidmat” ka alam. Hartina, dina basa 
kiwari, “totemisme” siga kitu teh taya lian ti sikep jeung prak-prakan ngajaga 
kalestarian alam jeung lingkungan. Nya di dieu, kunaon kuring nyebut 
nilai-nilai atawa budaya tradisi teh satemenna ciples atawa sarua jeung udagan 
kamodernan. Urangna bae nu sok salah harti: Nyapirakeun tradisi, bari salah 
ngalarapkeun kamodernan. Contona paribasa “ngadek sacekna, ...”. Keur kuring, 
ieu babasan teh lain bae miboga harti “efisien” ( jeung efektif). Tapi, oge 
fungsional. Urang meuli barang (konsumsi) teh saperluna bae. Teu perlu 
kaleuleuwihi, nepi ka ti kelebuh kana istilah konsumtif. (Kukituna kaharti, mun 
aktivis lingkungan nu pangheulana nenjo potensi budaya lokal atawa local genius 
keur ngalawan konsumtivisme dina harti nu jembar teh).
  Hartina, mun ajen-inajen eta terus diropea kalayan motekar, teu mustahil 
ngahasilkeun teknologi tatanen, dalah nu high tech pisan, nu luyu jeung prinsip 
kalestarian alam eta. Ngan, nyakitu, nu ku kuring katingali: Eta atikan teh 
ngan eureun nepi ka seremoni. Ukur nyampak dina Ngalaksa. Di luar eta mah ... 
bororaah!
  Kuring wani nyebut kitu teh nya ningali kaayaan fisik eta lembur bae. Lain 
pedah bae leuweung atawa sawahna geus jadi kebon boled (hui Cilembu). Tapi, 
pilemburan nu dipanta-panta dina tonggong pasir teh, nu satemenna bisa leuwih 
endah, mun peuting ti kajauhan meh siga Hong Kong, lampu pating karetip; karah 
diruksak ku pipa paralon!. Mani raranteng, paheula-heula nyedot cai keur imahna 
sewang-sewangan. Karuhan bungkus supermi jeung botol aqua mah. Nyangsaya nepi 
ka kamalir nu aya di tengah sawah. Tangtu, lain kuring teu panuju make plastik, 
ulah make paralon. Tapi, ku naon teu diatur sangkan  eta paralon teh teu 
raranteng nepi ka nyolokan panon siga kitu? Malah, beh dituna mah, kasus 
paralon ieu (oge kasus lianna nu teu kudu ditepikeun di dieu) nembongkeun 
cambalna “kudu hade ka sasama” nu aya dina Ngalaksa tea. 
  Enya, da lamun guyub mah, papada hade ka sasama tea, teu kudu tiap umpi boga 
bak, boga kamar mandi. Cukup sa-RT hiji – siga saencanna. Di mana rek siga 
kiwari ge, tiap imah boga kamar mandi sorangan, “khidmat” ka alamna kudu 
dijaga. Lain dina harti mengpar tina papagon “ulah ngabohakan bumi”. Tapi, nya 
diatur bae sangkan eta paralon teh nambah asri eta lembur. Naha dipendem dina 
jero taneuh, atawa : Tina sumber cai teh cukup aya dua atawa tilu pipa gede nu 
ditarik ka dua atawa tilu bak panampungan. Nya, tina bak panampungan eta tiap 
umpi masang pipana teh. Kitu ge, bari tetep kudu “hade ka alam” dina harti 
lian: Tong nepi ka ngotoran panon.
  Di dieu, ku naon kuring nyebut pariwisata hiji industri nu paripurna. Lain 
ukur aya kasenian jeung upacara adatna. Tapi, oge kumaha eta adat nerap dina 
kahirupan sapopoe masarakatna. Ku cara kitu, urang kota -- atawa urang mana bae 
– bisa ngarasakeun  re-kreasi nu satemenna. Bisa ngarasakeun hiji kahirupan, 
hiji kaayaan, hiji suasana (fisik jeung mentalna), nu nyambuang tina hate jeung 
kasadaran. Lain ukur seremoni atawa pintonan. Kituna teh daratangna ge teu kudu 
keur Ngalaksa bae. Iraha bae ge bisa. Da, ngalaksa teh satemenna dilakukeun 
dina tiap rengkak kahirupan sapopoe. Dalah, euweuh nu datang, euweuh turis ge, 
teu jadi masalah. Da adat teh geus bisa ngaraharjakeun masarakatna. Ceuk tadi 
ge: pariwisata mah nilai tambah – mun lain optimalisasi ge.
   
  Salemba, 17 Februari 2007


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke