oge gampil dijug-jug ... maksad teh, jug kadituh geura datang ka HBH... heu heu
-dul- tukangteuing --- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Para wargi, upami dietang-etang sasih siam kirang langkung kantun 6 sasih 7 dinteneun deui, nyakitu boboran siam 1428H kirang langkung kantun 7 sasih tujuh dinteneun deui. > Numutkeun pananggalan mah, boboran siam ninggang dina kaping 13/14 Oktober 2007. > Leres 7 sasih masih kaetang lami, namung upami urang unggal dinten ditapuk kukasibukan sadidinten eta waktos 7 sasih karaosna mung sajorelat. > Sapertos biasa, manawi kawidian ku Allah SWT., aya rezekina sareng aya umurna, acara Halal Bi Halal diancer-ancerkeun, urang ayakeun dina kaping 20/21 Oktober 2007 (aya usulan sanes...??). > Kantun, anu teu acan aya ancer-ancer teh pitempateunana, sapertos biasa syarat kanggo pitempateun mah; merenah sareng mirah, teu tebih teuing ti "Sunda Kalapa" sareng teu tebih teuing ti "Tatar Ukur". > Aya anu nawisan di Dago Resort sareng Pangalengan, kumaha kinten- kintena...??, > atanapi aya anu kagungan usul di tempat sanes....?? > Mangga diantos, bilih aya anu kagungan usul tempat sanes. > > Pihatur, > ssw > > > > > http://cikundul3.multiply.com > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda >

