Ceuk Nu Make AC (mobilna sae): "Panas euy lamun mesin mobil kudu dipaehan"
Ceuk Nu Teu Make AC (Mobilna kirang sae): "Puguh hese starter.. der mesin 
dipaehan!"
Ceuk Nu Motorna Alus: "Motor uing mah irit pisan, moal beak 1cc nungguan lampu 
hejo"
Ceuk Nu Motorna Rada Goreng: "Puguh pas distarter teh gas kudu digedekeun, 
malah leuwih boros, barina oge hoream kudu ngengkol"
Ceuk Nu Motorna Goreng: "Ngke lamung lampu hejo nu rek ngadorong motor uing 
saha?"
Ceuk nu gumasep: "Ieu teh kenalpot weuteuh, impor, geura dangukeun.."

Ceuk Amerika:
"Good.. Good.. Good.. You're such a good oil customer of OUR oil company.. keep 
up the good work!"

iwan
ukurbisapipilueun


----- Original Message ----- 
From: kumincir 
To: [email protected] 
Sent: Thursday, March 08, 2007 2:51 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol !


dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya iklan/kampanyeu ramah lingkungan, 
di antarana kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil pas kapegat lampu 
beureum. Mun teu dipareuman matak ambek nyedek, tanaga midek, langit mulek. Mun 
milih dipareuman, manuk ge tingcaruit nyalampeurkeun.

Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun panggeuingna teu robah2, 
angger, biasana lila2 sok kapopohokeun, don waro, jadi talobeh. tah, 
sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui kana panggeuing tea.


On 3/8/07, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Di Jakarta, lampu merah duka teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran 
lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun. tapi, ampir kabeh mesinna 
tetep hurung.

  Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi: 
  - lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit.
  - hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin hurung, dina samenit meakeun 
1/sekian liter bensin.
  - di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor 100cc ? 
  - pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakali lampu merah. 


 

Kirim email ke