Kageuing ku obrolan tadi peuting jeung Kang Maman, jadi hayang
ngomentaran....

Duka kunaon nya, urang mah sok beuki maceuh mun dicaram teh. Nya model si
Odon tukang nyolong poto ieu... Geus puguh moto di dinya teh dipahing, tapi
keukeuh we hayang moto. Enya ketang kitu soteh batur, da urang mah nurut.
Tapi, buktina, nempo kamaheran batur maling2 moto, urang geuning kalah
muji... Mun ceuk kasar tea mah, dasar jalma barodo... ni gampang pisan
ditipuna...

Ketang, eta mah kumaha sewang2an bae... naha rek ngahormat kawijakan atawa
aturan anu aya di eta kampung atawa henteu, pek teh teuing... Malah mah pan,
beh dituna deui, boa paduli boa henteu kana kahirupan maranehna... Pira ukur
objek... Eksploitasi? Meureun...

sikandar <http://kumincir.blogspot.com>

On 3/5/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Odon Tukang Nyolong Foto

Teuing saha ngaran anu jelasna, jeung aslina ti mana,
tapi Don Hasman (67) kaasup salah sahiji tina opatan
urang luar anu diaku jeung geus dianggap kulawarga
ku urang Kanekes/Badui. Anu sejenna nyaeta Uli Sigar
Rusadi, Pa Adang (ti Bandung) jeung pa Sopandi anu
ayeuna aya di Malaysia. Don Hasman teh salah sahiji
anggota Kehormatan Mahasiswa Pencinta Alam (MAPALA)
UI, kungsi jadi wartawan foto majalah Mutiara (alm),
foto-foto flora, fauna jeung kabudayaan Indonesia
hasil jepretanana jadi langganana media asing. Jadi
teu heran lamun Don Hasman dianggap salah sahiji tina
100 tukang potret sadunya anu kahot (beken). Foto-foto
ekslusip anu dipiboga Don Hasman diantarana foto
kahirupan urang Badui jero, aya kana 7000 foto.
Padahal pan dipahing pisan motret kaayaan urang Badui
jero teh. Mangkana urang Badui mah mere ngaran ka Don
Hasman teh "Si Odon tukang nyolong poto".

Kirim email ke