punten ngalereskeun sakedik...

ceunah -----> cenah
leupat  ------> lepat
pangamengan ------> pangulinan (pangamengan pikeun ka murangkalih basa lemes)
padameulan --------> padamelan
janteun -------> janten

cag...ah, punten bilih sim abdi nu lepat....hehehehe (urang sami-sami diajar).

"kkbm'69"


On 3/9/07, k.putra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kiwari, basa sunda nu nyata-nyata basa karuhun urang sunda, tos
> langki digunakeun. tong boro di kota-kota ageung sapertos bogor
> atanapi bandung. di cianjur wae ge, sok rada sesah milarian anu masih
> keneh leres-leres nganggo basa sunda. utamina mah panginten
> murangkalih sakola. nu seuseueurna tos langkung resep ngangge basa
> indonesia kangge basa panganteur sadidinten.
>
> sok ah, ti ayeuna mah urang biasakeun nyarios basa sunda. minimal di
> lingkungan kulawargi heula, teras dipangameungan, atuh sugan engke
> mah di padameulan. pan ceunah inohong na jawa barat teh gaduh
> program, yen basa sunda hoyong dijantenkeun basa nasional kadua
> saatos basa indonesia. ari tara dianggo mah pamohalan janteun kadua.
>
> sakali deui urang sunda nyarios sunda.
>
> catetan
> hoyong dileureuskeun ah ku pamiarsa sadayana. upami ieu tulisan teh
> aya kalepatan.
>
>
>

Kirim email ke