Sababaraha waku katukang, kuring ngobrol jeung saurang babah anu soleh, 

istiqomah dina ibadahna.. 

Menahna dilahirkeun di Garut.

Bumina di l. Pajajaran, Bandung.

Pakasababanana kana sol sapatu jeung bisa mijet.

Unggal waktu lohor, solatna di Masjid tukangeun imah (Sarijadi)

Teu siga tukang sol anu lain, ieumah ginding, awakna bodas, bersih, berseka.

Bajuna make jastong, ngagandong ransel eusina tukang alat sol, ari ladamnamah 
di cekel

Tilu bulan katukang, anjeuna mawa alona (sarua babah keneh) ka Masjid..

Hayang asup ISLAM, 

Sanggeus di Bai'at, nepi ka ayeuna manehna sok pirajeunan datang , diskusi.

Dian diskusi eta aya pertanyaan anu teu bisa kajawab ku simkuring..

Sugan para wargi sadaya tiasa nulungan...

Pertarosanana..

"Ari Kian Santang teh urang mana"?

"Naha aya kaitanana jeung urang cina, pedah wae gelarna KIAN jeung SANTANG?"

.. teuing teu bisa ngajawab..



Hatur nuhun...
Mamat Rachmat, mantan jajaka kakapaksa

 

Kirim email ke