Emut kapungkur tahun 2004, pribados kantos ka New Zealand tempat bangsa Maori 
hirup. Upami ditingali tina dedegan sareng warna kulit, urang Maori teh siga 
pisan urang Sunda. Dina perkawis basa, aya kecap dina basa Maori anu masih 
kapiemut ku pribados nyaeta kecap "kumara" anu gaduh hartos hui boled (atanapi 
sweet potato dina basa NZ). Upami dina basa Sunda mah aya kecap anu ampir sami 
cara ngucapkeunnana sareng kecap kumara nyaeta kecap "komara" anu hartosna 
perbawa atanapi wibawa.

Pun Asep

hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  

 
  Basa kamari ningali hasil "panalungtikan" Pa Inotji nu ngababandingkeun 
kecap-kecap basa Sunda jeung basa Maori, anjeunna kenging welasan kecap nu 
sarua atawa meh sarua, boh dina harti, oge dina cara ngalafalkeunana.
   
  Kitu oge basa Sunda jeung basa Dayak, rea nu sarua.  Komo bas Sunda 
disandingkeun jeung basa Bali mah, tambah rea deui nu sarua kecap-kecapna teh.
   
  Ceuk hiji teori, bahasa Austronesia, nu jadi cikal bakal bahasa di nusantara 
jeung sabudeureunana, baheula sebaranna ti kawit Madagaskar dugi ka kapuloan 
Pasifik.  Matakna teu pati aneh mun seueur kecap-kecap nu meh sarua jeung 
bahasa urang sabrang. 
   
  Baktos,
  pun hendra
   

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
   

---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
     
                       

 
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.

Kirim email ke