Di daerah Bogor oge, abdi kantos ngadangu jalmi anu nyariosna jiga kitu,pas abdi meser paralon di toko bangunan Ciampea, Bogor Barat. Asa aneh oge, naha basa Sunda na teh campur sareng basa Cina...Akulturasi budaya tea meureun ieu teh... --- AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ieu mah pangalaman simkuring malem Minggu kamari. > Balik nganjang ti lanceuk di Jalan Cibadak, ba'da > magrib > ngahaja nikreuh ka Gardujati ka tukang bubur hayam > peuntaseun Hotel Trio. Gek diuk bari mesen ka si > emang > sing loba saledrina. Teu lila jol budak ngora duaan, > anak > babah.Si emang bubur ukur ngareret, jigana mah nu > duaan teh geus > ngalanggan. > > "Aing perlu citban." Ceuk nu sa urang bari ngalaan > arlojina > bari song dibikeun ka babaturana."Cenah sia butuh > arloji." > > "Barang jiga kieu kudu citban ? Tapi cincay lah.Ka > babaturan > ieuh." Tembal nu hiji deui bari ngasongkeun duit. > > "Nya jeung saha deui kudu silih tulung mun lain > jeung hopeng. Harga sakitu mah > cengli. Kamsya." Ceuk nu ngajual arloji > bangun nu bungah bari cecelebekan kana buburna. > > Tah kitu, baraya. > Mun teu salah mah citban teh hartina 70 rebu, cincay > hartina > wajar. Ari hopeng ? Meureun hartina sobat. Cengli > =wajar/aturan. > Kamsya=SyeSye=Hatur nuhun . > Tah ari Sunda kieu kaasup 'wewengkon' timana ? > Ah ieu tamba iseng. Tapi da emang babasaan 'kitu' > teh aya. > > Misan . > > > > > > > > > > > --------------------------------- > The fish are biting. > Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing. ____________________________________________________________________________________ 8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time with the Yahoo! Search movie showtime shortcut. http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/#news

