Kahatur kang Bohay,

Badé tumaros, upami perbendaharaan kata di Malaysia, seueur anu mirip henteu 
sareng kecap-kecap di basa Sunda?

Upami henteu lepat, sataun atanapi 2 taun kapengker dina salah sawios billboard 
di KL atanapi di pulai Penang (hilap deui) aya kecap sukan dina tulisan “pekan 
sukan …..” naon tah hartosna sukan di dieu? Naha sami hartosna sareng 
sukan-sukan dina basa Sunda?

Teras deui aya kecap Malayu “sekejap” anu hartosna bénten tina kecap “sekejap” 
dina basa Endonesia tapi langkung caket hartosna kana “sakedap” dina basa 
Sunda. Leres henteu, nya?     
    Tah kumaha, naha aya kecap-kecap bahasa Malaysia sanésna anu ampir sami 
hartosna sareng kecap-kecap basa Sunda?



Hatur nuhun sateuacanna kanggo wartana.


Pun Asép
  
 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

Kirim email ke