Kahatur sadayana,

Peré panjang ieu dimangpaatkeun ku pribados kanggo maca file-file anu aya dina 
situs wéb milis ieu (www.urang-sunda.or.i) sareng ngalongok situs wéb LSS ITB 
(http://lssitb.f2o.or) dina raraga milarian referénsi kanggo ngalereskeun eusi 
situs wéb sim kuring (http://asephadiyana.tripod.co). Ti dua situs wéb éta 
pribados kénging warta ngeunaan aksara Sunda. Gambar aksara sunda ditangkodkeun 
dina email ieu.

  
Pribados nembé terang yén urang Sunda gaduh aksara nyalira anu bénten tina 
aksara Jawa (hanacaraka) anu siga aksara urang Thailand da kapungkur waktos SMP 
diajarkeun ku guru basa Sunda téh aksara hanacaraka.


Mung aya kapanasaran, naha aya buktosna kanggo aksara Sunda éta sapertos 
upamina waé aya prasasti anu ditulis nganggoa éta aksara. Pribados neda 
pitulung ka para wargi anu langkung uninga ngeunaan aksara Sunda éta; hatur 
nuhun sateuacanna.

Pun Asép  
 
---------------------------------
8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.

GIF image

Kirim email ke