baheula mah cenah pikeun ngajegal mega nu teu sarjana. tapi da kumaha gening...
presiden ayeuna teh doktor widang pertanian, ASLI, ti Institut Pertanian Bogor. lain honoris causa. tapi teu ngaruh kana urusan pare gabah beas kezzo. angger we kitu. harga beas naek, impor, beres. panen gagal, impor, beres. saha we presidenna, urusananana angger we soal eta. heuheu. ------- Cenah, aya RUU nu nyaratkeun yen Presiden Republik Indonsia, syaratna kudu S1 (Sarjana). Beu ..... teu lieur kitu ieu syarat teh? Ayeuna oge Presiden Indonesia teh boga gelar Doctor, aya kitu kamajuan? kitu-kitu keneh. Ieu mah ngajejeleh kamampuan jalma. Padahal loba jalma nu sukses, pinter bari teu boga izasah. Pa Ayip Rosyidi salah sahiji contona, izasah SMA wae teu gaduh. Tapi geuning anjeunna kamampuanana ngaleuwihan nu boga izasah formal. Eta dina widang pangaweruh, komo deui dina widang politik, nu kuduna mah leuwih muka keur saha wae. Eh .... tapi aya nu surak, da merema, tukang nyieun izasah palsu! Baktos, WALUYA mj http://geocities.com/mangjamal

