Ari macaan wartos "Lusi" dina koran, asa katingali aya dua pamandegan. Pamandegan kahiji ti ahli Geologi, nu nyebatkeun ieu teh phenomena gunung leutak, jadi penomena alam nu teu bisa dieureunkeun. Beda deui ti ahli perminyakan, pengpek we ku ku leutak nu leuwih beurat, siga ku barite. Hanjakal sumur relief nu rek dijieun keur digunakeun ngainjeksi barite, teu jadi dijieun, da cenah lokasina jadi kakeueum ku leutak.
Jebul urang fisika, make pikiran "siger tengah" tina dua pamandegan, ngaheueuhkeun urang Geologi (ieu teh fenomena alam nu teu bisa dieureunkeun), tapi masih bisa direkayasa (ngaheueuhkeun oge urang Teknik minyak). Bal-bal beton nu diasupkeun, diasumsikeun bakal ngurangan tanaga tekanan leutak, sabab energi tekanan dipindahkeun kana bal-bal beton nu bakal ngageter, ampul-ampulan jeung gerak mekanik sejenna. DIharepkeun akibatna leutak nu kaluar jadi nyaeutikan. Ngan nu jadi aneh, naha make nepi ka eureun sakeudeung kitu nya? Baktos, WALUYA --- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Ari ceuk paribasa mah..ti batan teu ngagawekeun > nanaon..mending wae ngalung2keun bal > beton...susuganan..Padahal ari lusi mah..pan ngalir > kulantaran tekenan beuteung bumi langkung ageung > tibatan tekenan..hidrostatik..leutak anuaya dina ata > danau..satungtung teu aya tekenan hidrostatik..anu > ngalangkungan..mah bakal cor ngocor wae...siga sumur > artesis...Eta laju ngocorna tiasa ngirangan lamun eta > cai leutak panas teh ngancurkeun taneuh diluhur jadi > bubur kentel...tah didieu tekenan hidrostatikna teh > tiasa nambi...tapi moal sabaraha..kulantaran "berat > jenis " taneuh diluhur hampang...moal siga bahan kango > ngabeuratan dina industri pangeboran minyak nyaeta > Barite (Ba SO4). Naha teu nganggo barite ? walh > sabaraha rebu ton peryogina....sigana mah teu > kabedag...Ari anu ngical bola beton teh sahanya ?

