Kajadianana ieu sapuluh taun katukang, caritana kuring boga imah, meunang meuli ti dulur jauh pamajikan, nu keur butuh duit pisan. Dulur pamajikan teh maksa imahna hayang dibeuli, da manehna boga hutang gede. Nya ku pamajikan teh dibeuli, murah da imahna teh teu alus jeung ayana di sisi sawah di Bandung kidul. Dasar milik, tilu taun ti harita, di daerah dinya teh diwangun sakola, atuh jadi rame, imah kuring dijadikeun tempat indekos mahasiswa nu sarakola didinya. Luamayan keur nambah2 panghasilan.
Ngan nyaeta kulantaran kuring mah cicing di Bandung kaler, tempat indekosan teh jadi jarang ditempoan, maklum kuring jeung pamajikan pakepuk ku digawe. Barudak nu kost teh sering protes, listrik teu hurung, telepon sering ngadat. Nu kitu mah masih bisa dibereskeun, eta ari geus kapalingan, waduh hese ngakalanana, Nu leungit dipaling teh ti mimiti sapatu tepi ka komputer. Boga ide, rek mayar we urang dinya sina pangmereskeun hal-hal nu karitu. Kabeneran aya nu daekeun, imahna teu jauh jeung imah nu dipake kost-kosan. Pamajikanana kawawuhan pamajikan kuring. Teu jelas pagaweanana mah, ngan kaciri jalmana mah segut digawe, daek diutuh- etah. Jadi weh manehna teh nu dipihapean tempat kost-kosan. Sanggeus dipihapekeun mah, barudak nu kos teh tara kapalingan. Kuring jeung pamajikan jadi tenang, nu dipihapean teh geuning tanggung jawab pisan. Nepi ka hiji waktu di bulan Puasa. Harita teh geus maleman lilikuran, geus deukeut ka lebaran. Tengah peuting, telepon disada, kuring bari lulungu ngangkat telepon :"Hallo???" "Ini rumahnya Pak Waluya?", ceuk sora tiditu teh mani teugeug. "Betul, dari siapa nih?", kuring ngajawab. "Ini dengan Pak Waluya sendiri yah, Si X itu pekerja Pa Waluya, bukan?" "Apa .... si X?", kuring balapbap-belebbep, nginget2 da rarasaan teu teu boga pagawe, jeung ingetan teh ka kantor tempat digawe. Ngarasa teu boga pagawe, kuring ngajawab: "Bukan ....ini dari siapa sih?" "Kami dari Polsek Pak, masa bapak tidak kenal dengan si X dari B, katanya pekerja bapak!" Gebeg teh, pulisi geuning nu nelepon teh. Jadi ras inget kanu dipihapean imah, heueuh meureun si eta, ngan teu ngarti make aya di Polsek sagala jeung make ngaku pagawe kuring sagala, pira ge dipihapean imah. "Oh X, dia mah bukan pekerja sayah Pak, cuma dia yang dititipin rumah saya yang di B. Lalu kenapa dia ada di Polsek?" "Lha ...ngaku sajalah Pak, Si X pekerja bapak. Tahu enggak dia sudah ketangkap lagi!" "Apanya yang ngaku", ceuk kuring teh bari ngadak2 suku jadi leuleus, "Emangnya kenapa si X?" "Nyopet deui Pa!", cenah ceuk sora bah ditu teh make basa sunda, "Si X rek nyopet nu mudik nu keur ngantri di stasion. kepergok, ditareunggeulan. Langganan Si X mah, tukang copet di stasiun jeung pasar Baru. Pekerja Bapak kan?" Kuring beuki ngahuleng, suku karasa beuki ngaleuleusan, pikiran langsung boa-boa kuring disangka bos copet yeuh. Gancangan dijawab deui: "Pak, si X itu yang dipihapean imah sayah nu di B, kulantaran imahna deukeut. Kalau dia tukang Copet, mana saya tahu?" "Ya ...ya ...kami akan cek lagi, besok akan dihubungi!", cenah, bari sorana tetep teugeug. "Ya Pak, terimakasih", ceuk kuring teh, bari nutup telepon. Awak jadi lungse, reuwas kareureuhnakeun. Pamajikan diguyah-guyah sina hudang, bari digelendeng, naha nu dipihapean imah teh geuning tukang copet. Jadi kababawa. Tepi ka saur kuring teu sare deui. Ingetan teh ka poe isuk, meureun kuring bakal kadatangan pulisi make kijang buntung, terus .... kuring ditaekkeun bari diborgol. Tatangga papada narempokeun. Pamajikan ngupahan, pedah dulurna pulisi nu pangkatna rada luhur:" tenang-tenang Pah, aya Mang A, ke urang telepon" "Montong", ceuk kuring teh, "Ke we lamun masalahna jadi gede, era nelepon subuh keneh kieu" Isukna, ditungguan teh pulisi teu embol-embol. Ka tempat kos-kosan oge dicek. Enya we si X teh euweuh di imahna, ceuk pamajikanana mah keur usaha cenah. Teu dibejakeun yen kuring peuting ditelp ti Polsek mah, karunya, da meureun pamajikanana mah teu ngartieun. Waktu poe kadua lebaran, kuring jeung pamajikan ka tempat kos-kosan, terus ka imah si X, maksud teh rek ka pamajikanana mere bingkisan lebaran. Kasampak teh si X aya, awakna pinuh ku plesteran, rada barengep ...jeung buukna gundul. Manehna ngajak sasalaman bari ngeluk, ku kuring diteuteup, sabenerna mah hayang ngomong: "Na ari sia, geus jadi copet, mamawa aing deuih, ayeuna geus kaluar deui ti tahanan" Ngan teu pok da piraku di poe lebaran kudu ngawakwak mah. Ceuk dongeng tatanggana mah si X teh kakara meunang nebus ti pulisi ..sa ehm, cenah. Ditebus ku dulur-dulurna. Kulantaran sieun kababawa deui, imah kos-kosan teu dipihapekeun deui ka Si X, alesanana mah moal dipahapekeun deui, da rek dijual ... Baktos, WALUYA

