Kang Aldo, biasana eta barang geus ditulisan harga. Harga kontan, Harga ngiridit 3 kali, 6 kali atawa 12 kali. Tinggal bebeja we ka kasir husus, biasana kasirna (lain kasir sato) deukeut / "berendeng" jeung paragi nyieun kartu kiridit anyar. Tah engke ge lamun rek mayar cicilan / hutang kasirna anu berendeng didinya.
Kuring aya kateungeunah bulan Pebruari kamari. Carrefour pusat / Jakarta teu "On Line" cenah kusabab kacaahan, Tagihan bulan Maret kuring di dengda, pajarkeun bulan Pebruari can mayar. Si Carrefour pusat teh teu nalipax maneh, geus nyaho teu "On Line" kusabab kacaahan, berarti loba data ti cabang nu teu asup. Naha atuh ujug-ujug dianggap teu mayar. Euweuh koordinasi pusat jeung cabang kitu ? Kahade Kang Aldo, bukti pambayaran / cicilan ulah dipiceun ! Emod. Purah nganjux On 3/22/07, Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
dear, sikuring gaduh kartu kredit carrefour, tapi teu acan pernah dipake, hoyong terang euy... kumaha carana... mun urang ningali barang teras hoyong di kredit tah kumaha.... pang terangkeun atuh... tata carana...

