Waduh... partey narif ratusan juta??? mirah pisan atuh, sok lebetan weh
atuh. Malih mah, anu abdi apal mah, Partey anu "cenah" beresih, ayeuna tos
masang tarif puluhan Milyar kanggo nyalonkeun gubernur. Pertey eta lumayan
gaduh nilai tawar, kusabab di jawabarat kaetang lumayan raihan suarana, oge
aya sababaraha daerah dipimpin ku kader partey eta.
ieu mah urang iseng weh, etang2an yuk.... bilih aya anu bade nyalonkeun
gubernur...

Asumsi: diusung ku 5 partai di tingkat propinsi.

5 partey tingkat propinsi @ Rp. 3 Milyar                = Rp. 15 Milyar
5 Dewan pungurus pusat partey @ Rp. 2 Milyar     = Rp. 10 Milyar (mun teu
dibayar bisi kajadian jiga Marissa haque)

5 partey di tingkat kabupaten/ kota @ Rp 500 juta x 25 kota kabupaten
                                                                         =
Rp. 62,5 Milyar

Trus biaya operasional (nyieun alat peraga, biaya promosi, biaya tak
terduga, iklan jeung sugak sogok)
                                                                         =
Rp. 5 Milyar

Jumlah total kanggo jadi gubernur = Rp. 92,5 Milyar

Gede geuningan nya???? jigana biaya anu diajukeun ku KPUD Jawa Barta pikeun
ngalaksanakeun PILKADA moal sakitu tah.
Duitna timana sakitu teh??? biasana para calon teh ngagandeng pengusaha
pikeun jadi sponsor. imbalanna macem2. aya anu menta proyek engkena, aya anu
menta usahana aman kahareupna (biasana usaha anu illegal) aya oge anu emang
ikhlas, tapina biasana nu ikhlas kieu mah merena moal leuwih ti saratus
juta.

Tah, eta tah geuningan itung2an asal tea. ieu mah ngan ukur itung2an uing.
jelema anu teu nyaho nanaon.

ari ninggali kieuna mah, jadi kepala daerah teh geuningan mendingan bareto,
jaman keur dipilih ku anggota dewan anu ngan saukur 50 jelema. candak weh 30
suara, 30 x 200 juta = Rp 6 Milyar.
tah, ku 6 milyar bareto mah jadi, da meunang 30 suara, ku ayeuna??? Rp. 92,5
Milyar can tangtu jadi euy.

Mahal pisaaann!!!

-Bohay-
*kabeh asumsi, kuring anu nyieun. meunang di protes, ditentang jeung di
talapung. hihihihi...


On 23/03/07, ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Muhun Mang Jamal, nyaeta ngersakeun soteh atuda matak rieut geuning
ngabandungan wacana dina koran atanapi diskusi soal kapamingpinan sunda
teh, ari ide sakapaeung sok harebat, tapi koceplakna mah eta deui eta deui.
Komo aya harewos bojong, aya partey anu narif ratusan juta keur sing saha
anu hayang nyalonkeun gubernur...........pan edun tah. kabayang meureun mun
kapilih teh makmekmek ngarewodan APBD keur ngagantianana.
Asa tos heubeul Mang Jamal tara laha loho ka cupumanik, ka mana wae?
Ngeureuyeuh novel sigana nya.........

------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go
<http://us.rd.yahoo.com/evt=43910/*http://mobile.yahoo.com/mail%0A>
with Yahoo! Mail for Mobile. Get 
started.<http://us.rd.yahoo.com/evt=43910/*http://mobile.yahoo.com/mail%0A>

Kirim email ke