Aya sababaraha alesan kunaon eta dinten ahir minggon sok kirang aktip kana kagiatan di internet, Kang Dudi:
Kahijina, nyaeta ieu dinten teh dinten ngaso, kumargi sapopoe dinten biasa ayana di luar bumi. Piraku dinten ahad anu kanggo kulawarga oge dianggo keur recet di internet. Kaduana, nya leres, seuseueurna anu aktip teh nyaeta anu ngagunakeun pasilitas ti kantor maranehna. Katiluna, bosen weh meureun unggal usik kudu kutak ketik teterasan matak ramo janten kapalan (naon ari basa sundana kapalan teh nya?) Kaopatna, kantenan we sepi, da taribra keneh ngeukeupan putu, hehehe Nepangkeun ah, abdi Aji, jalmi wetan anu lami di kulon... Salam baktos ka sadayana wargi KusNET dudi mulyadi wrote: > > > Wargi kusnet, ari poe saptu jeung ahad teh kusnet biasana sok rehe nya. > Kunaon tah ? > Bisa wae : > 1. Nandakeun warga kusnet saribuk jeung urusan kulawarga masing masing. > Aya nu ka luar kota, aya nu ka lembur, aya nu ka gunung , aya nu ka laut > ( eh jadi lain maksudna), aya nu sibuk beberes imah, aya nu ka moll, aya > awe anu nuluykeun ngimpina ba'da shalat subuh. > > 2. Nandakeun yen salila ieu nginternetna atawa ngimelna ngagunakeun > fasilitas kantor ( kumaha tah ceuk teh/kang Ely, leres kawasna pamendak > salira teh). > Sok ngaku saha wae anu sok ngagunakeun fasilitas kantor?. > > Tapi ketang ngagunakeun fasilitas kantor ge aya anu dimeunangkeun > jeung aya oge nu teu dimeunangkeun ku aturan managemenna . Kumaha > kantorna we lain ?. > > Sok ah ramekeun deui > __________________________________________________ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com

