Horseh.. aya teh Ely deui..!!!
 
Tuh ceuk uing oge kumaha.. hebat lah lamun teh Ely jadi presiden..!!
Pinter basa sunda, jago basa inggris, pola-pikirna edun, top markotop,
gud marsogud!
 
-- ngan nya kitu geuning, RI-1 urang ayeuna pinter basa inggris,
sakolana jauh-jauh pisan luar di US.
Tapi geuning ngatur nagara wae meni hararese, ngatur beas wae tepi ka
ripuh kudu meuli ti tatangga.
Kalahka ngomong "I love the United States with all it's faults.."
Paingan.
 
jadi balik deui, basa teh ukur alat komunikasi, rek basa inggris, china,
taiwan, atawa basa sunda.
da geuning urang jepang anu dianggap maju oge teuteuuup make basa
jepang, teu kudu ku bahasa inggris.
rek maju atawa henteu hiji bangsa mah kumaha jelemana wae, lain ku
basana.
 
Cag. Eta oge ceuk uing, nu pangangguran..
 
Salam,
iwan
 
 
 
 
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of ely evalita
Sent: Monday, March 26, 2007 1:34 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Mending diajar basa Inggris tibatan diajar basa
sunda


Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
 
Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari jeung
teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh kuli nepi ka
wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-bumen didaerah
bronx na bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, kucel, kumel daerah
Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge teu hilap akang anu nuju
sakola adminsitrasi diluar negri anu engkena janten MBA (Master Bari
Andekak), atuh ka nonoman sunda nu karasep anu gareulis, anu mahasiswa
anu mahasiswi, anu ngalanggur mang taun-taun anu resep mukaan
www.lalatX.com, nya kitu oge anu pentingnamah ka kang Sidik anu obsesina
palay janten pejabat, duh cape yeuh ditataan hiji-hijimah, kasadayana we
urang Sunda nu pangangguran lebet ieu milist. Pribados bade ngadongeng,
kieu dongengna.
 
Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting, sabab
jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling gampang,
kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa Inggris
supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua saeunggeus basa
Indonesia. 
 
Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama otomatis
matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi sabangsana,
artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel dina letah.
Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak usukna matak
ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel kana diri teh
basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda dipakai dina basa
pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus disaderhanakeun, supaya
ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu dominan. Nu pentingna mah
sakali orang Sunda kamana wae pasti ngomong sunda jeung baturna.
 
Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan modern
bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu jadi babu di
mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, bayangkeun ku
bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, tina ngababu di
orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak sabulan, atawa di orang
cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, waktu ngababu di Amerika bisa
dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 1000/bulan kira-kira   9 juta perak
sabulan.
 
Loba contona pentingna basa inggris teh. 
 
Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama di
Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna kapaksa
kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh. 
 
Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang pasar rebo
Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan tahun (pemegang
Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam and Fatwa for
Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi basa Sundana teu
leungit. Kantos sakali abdi  ngadangukeun ceramahna di hiji lapangan
Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa inggrisna norolang, tapi
saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi orang Bandung anu nuju
jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh anjeuna nyarios nganggo sunda
Purwakartaan anu  norolang, eh tidinya der limaan genepan, tujuhan jadi
belasan anu ngariung ngobrol basa Sunda, malah der hiji, dua tilu
bule-bule USA ngabodor cenah abdi oge Urang Sukabumi Asli (USA), matak
kayungyun bule ngabodor make basa sunda, kutan teh manehna tahunan di
Sukabumi (janten peneliti geologi, deur meunangkeun urang sukabumi,
putra-putrana oge basa sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah
perpaduan USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). Duh
matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna
ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea anu rada jorang,

 
 Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu janten
da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia  WA, mangga we
search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna dugi ka
Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna sukses "menunjukan
bahwa ada Islam" didunia ini.
 
Balik deui kana basa Inggris.
 
Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang muka
diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung  di UPI
(Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun ngelmuna
ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa didinya wungkul bisa
dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, Universitas Siliwangi,
Universitas Garut jeung sajabana ngan ngahasilkeun nonoman beban nagara.
Lamun urang kitu wae tong salah lamun hasilna nya masyarakatna jiga
kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun pangangguran tiap tahun,
atuh antukna nya prustasi nya balik deui jadi ngored ata ngebon cara
tradisional tea. Atuh pejabatna paling luhur jiga kang Sidik anu kurung
batok, anu teu bisa mencar (basa budak ayeunama Creative and Inovative),
anu teu leuwih ti jadi pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba
kasieun, saurna oge ka atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi
tiasa emam, naek pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang
pensiun di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah).
 
Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di
Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning
titah  ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun dibayar
UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu atawa surfing
lalatX.com.
 
Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang
ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut saderek
Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan jelema beunghar
anu koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang Sidik eh punten,
maksad teh bagian pejabat sapertos ka Sidik anu ngorehan timana sumber
dananya ti jalmi baleunghar tea dalam bentuk pajak . Omat kang ulah
baramaen ti pemerentah pusat, sabab etateh duit upeti ti Propinsi luar
jawa anu diperes anu kabeneran masyarakatna ayeuna masih leuwih barodona
ti urang sunda, jadi can berkutik diperes ku pemerintah pusat teh.
karunya lah.
 
Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman  jsb. Sakola
teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang hak anu sarua
keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua keur ningkatkeun
harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, sacukupna keur masayrakatna.
 
 Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? 
 
Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, lain
lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu dibangun kalah
ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis mecenghul lamun setiap
masyarakatna digawe. Ieu geura contona di garut aya Universitas, teu
kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ?  ITB wae anu kahot panghadena
sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 250 dinya ukuran dunyamah. Tapi
lain eta anu pentingnamah, keun we berdirimah da enggeus, artina
ngajieun lapangan kerja keur para lulusan PT anu rada OK, anu harayang
jaragi guru di paguron luhur, keun we di paguron asal jadi oge. Atuh
ayeunamah urang mikir kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna
ngan sakitu-kituna, ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber
aslina dan teu becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah
ngarangon meri wae kitu atawa jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe
pemda.
 
Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu mikir
..........
 
Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga USNET
anu pangangguran tea.
 
wass
Elly Evalita.
 
  
 
 

  _____  

We won't tell. Get more on shows
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49980/*http://tv.yahoo.com/collections/265>
you hate to love
(and love to hate): Yahoo!
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49980/*http://tv.yahoo.com/collections/265>
TV's Guilty Pleasures list.  

Kirim email ke