--- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
Para kuncen ...kuring protes euy, sabab ELY EVALITA lamun posting sok "dibumbuan" ku sebat-sebut ka baraya Kusnet (kaasup ka kuring) ku istilah nu kurang merenah. Teu pantes, da heureuy oge aya dina tempatna. Lamun arek padungdengan (diskusi), padungdengan we teu kudu nyebut masalah pribadi sagala. Sabab teu adil, ari kuring, Ua Siddik, Teh Ika jeung nu sejenna nu disebut-sebut dina postingna, teu make aran samaran jeung deuih di dunya nyata, warawuh. Tapi ELY EVALITA, saha manehna teh? nyumput make aran samaran? Teu lucu ah .... Lamun kieu carana, Kuring, Ua Siddik, Teh Ika oge bisa wae make aran samaran, ngomong kaditu-kadieu, nyaleksek-nyaleksekkeun batur. Tapi keur naon? Kuring inget, baheula waktu Kunset mimiti ngadeg, kang Agus Her usul anggota tong make aran samaran, komo nu anyar mah. Baheula mah ditarurut, Kang Syam Ridwan we, nu tadina make aran "Karuhun Betawi" langsung ngarobah ku namina aslina, padahal sarerea oge apal eta teh kang SR. Lamun teu salah tujuan Kusnet teh pangpangna silahturahmi jeung silih simbeuhan dina kanyaho, sugan aya mangfaatna. Lain ngaguruan batur, ditambahan deuih ngenye batur..... Cik baraya, naha KUSNET perlu anggota nu model kieu? urang SUnda kudu gede kawani, lain "maledog" bari nyumput! Baktos, WALUYA

