Memang tabeat dina babasan aya anu disebat "anjing mah tara poho ka tai", 
sanaos dorobih oga kaciri. Pamadegan E L Y memang kitu. Naha teu uninga ari 
Bangsa Jepang proses majuna teh kumaha?? teu sagala-galana bhs inggris. 
Elmu-elmu dina bahasa inggris kiwari memang leres, sabab sanggem  E L Y oge 
Inggris ibaratna "maling" ti generasi lain, kitu sanes?. Teu kedah maksakeun, 
komo bari ngadedetkeun saolah-olah bahasa sunda teu penting?????. Lobana 
lowongan pagawean mah lain kudiajar bhs Ingris, tapi ku saha wae anu daek " 
investasi". Upami E L Y aya pangaweruh dina widang eta sok guar kumaha supaya 
lowongan gawe tiasa wujud??Antara pendidikan jeung lowongan gawe jigah endog 
jeung hayam, mana heula? Kabeneran meureun di Jabar loba nu pinter lulusan 
paguron, tapi mayunan kaayaan lowongan gawe kirang. Tapi di nagara tatangga, 
loba lowongan gawe mayunan masalah kirang padamel, boro-boro anu lulusan 
paguron anu kirang mahir oge ngadatangkeun ti luar nagara, leres kitu?. Alamiah 
anu
 palalinter mah migrasi ti jaman baheula oge.Beulahan dunia kapendakna ku anu 
palinter. Kitu ceuk aki mah. Sok ah guar kumaha carana lowongan gawe bisa 
wujud, bari sagala kurang; enya kurang pinter kudu aya paguron anu loba 
pilihan, hayang investasi teu boga modal, bari boga pangalama ari nginjeum teh 
boa-boa kajerat jeung kajiret ku lentah darat. Loba pisan masalah geuning? Cing 
ku E L Y bere bobongbolonganan, eta pisan anu diantos-antos. Teori "Nurks" dugi 
ka ayeuna masih ajeg, Hatur nuhun sateuacana. Baktos kuring.    

ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                Aduh nyaan yeuh, tetela 
geuning akang-akang anu karasep mah sunda pituin atawa sunda jaman baheula anu 
resep dipuji, mun dipuji tea sor sagala dipasihkeun.
   
  Atuh ayeunamah urang make basa anu pupujieun tea.
   
  Kang Boim anu kasep anu jero tapak genteng kadek, katut kang Waluya guru 
fisika teladan,  teh Ika pekerja keras anu pincontoeun para wanoja, anu tiasa 
ngelehkeun Ma Eroh (sanes ma Erot), pasti teu teurang Ma Eroh pan, atuh 
kukituna kuncen USNET anu bijaksana ...dst wilujeng tepang deui..........duh 
nyaan genah oge yeuh.padahal dina eta pupujieuna eusinamah sindiran....
   
  Cag sakitu heula pupujieuna.
   
  Hiji deui tah ciri urang sunda teh, resep ningali saha anu nyariosna, sanes 
naon eusi atawa maksud cariosanana, komo lamun eta nu nyariosna teh nganggo 
gelar DR. IR. SH jsb, aduh jigana teh anu dikemukakeunana teh pasti bener, ieu 
anu ngakibatkeun daya nalarna katutup, akibatna orang sundamah gampang ditipu, 
haneut keneh malah, Milyaran rupiah orang Jawab Barat katipu ku IBIST pedah anu 
ngabibitana DR. Wandi dst.
   
  Cag heula.
   
  Aki, Nini, Bapa, Ema, Akang, teteh, katut ayi warga USNET ........ duh nyaan 
genah oge yeuh.
   
  Sakali deui urangteh geus waktuna rereongan mencarkeun daya fikir ku daek 
ningali fikiran anu sejen, supaya urang sarerea atawa generasi urang kahareup 
ulah jiga ayeuna, anu nyatana ayeuna hasilna kasangsaraan kapapanjangan keur 
urang sarerea anu khususna daerah JAWABARAT. Keur urang Jawabaratmah kajadian 
ieu teh sabenerna ampir teu asup akal, tatar sunda anu daerah paling subur bari 
jeung sumber alamna cukup tapi teu bisa mere kasajahteraan keur penghunina, 
pangangguran dimana-mana. Tah ieu kabeh oge di sababkeun kuhiji sabab, nyaeta 
urang teh penghunina bodo, akibatna loba kasieun, anu antukna teu bisa nganilai 
hiji persoalan ku daya nalar anu bener.
   
  Keur minterkeun warga, hiji-hijina cara nya pendidikan, tapi lain jumlahna 
anu kudu dilobaan jiga supa, tapi justru sarana jeung prasarana anu menunjang 
eta pendidikan lancar. Tah sarana utama pendidikan sabenernamah jumlah lapangan 
kerja anu cukup keur para alumnina, sabab sakola/pendidikan teh lain hiji 
tempat keur nyiptakeun ahli usaha/wiraswastawan, ahli usaha mah datangna 
alamiah, tapi pendidikan teh tempat transfer pengetahuan anu gancang, nya 
hasilnamah sabenerna  tenaga kerja anu terampil, atuh anu punjulna nya terus 
jadi pemikir atawa ilmuwan. Kusabab kitu anu ayeuna kudu dipaju teh nya kumaha 
narekahanana supaya lapangan kerja di Jabar teh tumbuh, tah lamun lapangan 
kerja tumbuh, otomatis jelemana oge sumanget tolabul ilmu, sabab maranehna aya 
target nu kudu direbut dihareupeunana, otomatis pendidikan bakal maju. 
Sabalikna lamun lapangan kerja teu aya, atuh para alumni oge hanjelu, maenya 
sakola cape-cape jadi S-1 ti UPI ari kudu buburuh nepi kasubuh kuli nepi
 kajanarimah, komo balik deui jadi tukang ngored, atawa digawe dipabrik tinun 
nyambungkeun benang pegat, atawa kudu namprak wae kakolotmah, antukna prustasi, 
atuh kitu oge bakal ngakibatkeun prustasi, nya akibatna leuwih jauh kakurang 
percayaan diri, anu leubih bahaya deui generasi anu dihandapna mumul tolab 
ilmu, sabab ningali para seniorna lulus D3, S1 atawa S-2 ngan jadi penganggur 
atawa digawe di supermarket Alfa bagian memeres dagangan dina rak.
   
  Naon bahayana sakola paguron luhur tumbuh jiga sirung kacang, anu jelasmah 
kualitasna bakal ancur lebur. Mangga uningaan ku para saderek, bisi pajarkeun 
abdi akon-akon, mangga arameng ka daerah, tingali transfer pengetahuan model 
naon anu terjadi. Para saderek pasti terang jiga kumaha hasilna engkena.
   
  Balik deui kana basa Inggris. 
   
  Sumber ilmu pengetahuan nepi ka abad salapan masih dikuasai bahasa Arab, tapi 
beuki turun, komo basa Andalusia di ancur leburkeun ku Europa di abad 11, buku 
pengetahuan teh dibawa ka Inggris, ka Perancis jsb, diterjemahkeun diditu nya 
beuki kadieu anu punjul jadi bangsa Europa, atuh otomatis bahasana basa Europa, 
nya beuki kadieu diganti ku basa Inggris sabab basa inggris tetela basa anu 
paling gampang sadunya, dibanding jeung basa Arab, komo basa China mah. Atuh 
Indonesia mah pan nepi ka ayeuna oge elmuna masih elmu turunan, artina hampir 
sakabeh elmu anu dipelajari kuurang teh nya elmu anu sumberna ti deungeun, 
kusabab kitu mahasiswa bakal leuwih hade lamun maca langsung tina sumber 
aslina, lain tina diktat karangan dosena anu can pasti benerna.
   
  Sajalan tina kitu, nyata yen basa inggris teh dipake oge kusakabeh industri 
naon we boh industri film, industri rekayasa jsb, antukna para pelaksanana 
atawa buruhna daek teu daek kudu bisa make eta bahasa. Tah ieu oge anu jadi 
alat kompetisi.Contona anu paling gampang, coba lamun para sarjana di bandung 
anu ngaligeuh teh barisa basa inggris, atuh minimal bisa ngumbara ka 
mancanagara jaradi tukang sasapu, jaradi jongos di restoran , atawa jaradi 
montir mobil jsb, sabab di LN mah teu aya pagawean anu hina, kabeh pagawe 
dihormat naon wae gawena, jeung hasilna muncekil. Tinggali di USA pabalatak 
lulusan S-1 atawa S-2 anu jaradi tukang koran atawa jongos direstoran, atawa 
jardi tukang ngurus anu jompo. Ari anu memfasilitasi kemudahan kerja nya kudu 
pamarentah atuh, tina bentuk bantuan kemudahan ngajieun paspor, ticket jsb.
   
  Cenah aya dongen urang jepang teu bisa basa Inggris, asa helok nya, lamun teu 
bisa basa Inggrismah Jepang moal boga Industri di Amerika, di Inggris, di 
Australi  jsb. Malah ayeuna teh pesawat Boeing anu paling anyar jangjangna 
dirancang bangun  jeung di wangun di jepang make standard international basa 
inggris, atuh kitu oge abdi ngetik dina laptop VIO centrino duo teh sakabeh 
tutorialna basa inggris.  
   
  Sabenernamah lain basa inggrisna anu kudu di debatkeunanamah, tapi aya 
heunteu niat urang sarerea ngamajukeun pendidikan, keur muka fikiran, atuh 
cenah aya hiji pikiran ngadirikeun yayasan terus ngumpulkeun duit keur ngabantu 
nyakolakeun anu teu mampu, eta meunang-meunang wae, tapi justru moal bisa 
nuntaskeun, sabab pendidikanmah tanggung jawab pemerintah/penguasa, lamun 
pendidikan diserahkeun kamasyarakat hasilna jiga ayeuna pendidikan jadi ajang 
usaha. Sakali deui jadi ajang usaha, pendidikan mah hak sakabeh rakyat anu 
hirup diwewengkon Indonesia jadi kudu dijieun murah lamun bisamah kudu gratis, 
artinya tia jelema boga kesempatan anu sarua keur maju. 
   
   
  Note:
  Palay terang abdimah atuh buka we data pribadi meuni sesah-sesah teuing, tapi 
emut itu data pribadi, saur juragan kuncen itu menjadi rahasiah pan.
   
  Atuh upami alim maca posting abdimah, begitu aya ely evalita langsung delete 
we.
   
  Atuh anu paling gampilmah, banned saja Ely Evalita, namung upami di banned 
etateh nunjukeun ciri jalmi sieun, nyaeta sieun ninggali batur anu fikirana 
beda.
     
  Kang Waluya, kang Boim, kang Iwan, Kang Sidik atuh ka sadaya para warga USNET 
 Cag sakieu heula tos tunduh yeuh, Insya Allah sanes waktos disambung deui.
   
  baktosna
  Elly

   
   
   
  Bener bah..,
sok sanajan kuring oge kadang sok ngarasa panas ceuli ku postingan
teh/kang Ely jeung kadang oge sok aya nu kahartina tapi hanjakal
manehna teh leutik burih geuning teu wani terus terang saha manehna nu
sebenerna.
kaduana lamun postingan rek ngabahas hiji pasoalan ulah make conto
bari jeung nyebut ngaran batur komo nyontokeunana ku nyebut
kagorenganana (sok sanajan loba salahna jeung kanyataan).
rek ngabahas hiji pasoalan mah pek teh teuing tapi ulah bari
disamaraan/dibumbua n ku bari nyebut ngaran hiji baraya bari jeung
nyebut si A anu itu ieu tea, sabab ku nyebut ngaran batur bari jeung
nyebut si A anu itu/ieu tea eta can tangtu benerna jadi bisa disebut
gues su'udzon ngarana.

sok ah...! leuwih hadi terus terang heula saha anjeun nu sabenerna
ulah ngadon nyumput buni dinu caang ngarah puguh ka hareupna lamun
enya anjeun aya kawani.
kuring yakin asma ely evalita lain ngaran sabenerna... .

cag ah....,




  
---------------------------------
  Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.  

         

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke