Assalamualaikum Wr. Wb. Wilujeng enjing baraya kusnet sadaya Etang-etang kanggo "meredam" situasi nu nuju "memanas" lantaran madungdengkeun eusi imel ti Teh/Kang Ely. Sim abdi nuju aya rasa kapanasaran ieu teh. Bade seja nyuhunkeun informasi ti baraya kusnet sadaya hususon urang Garut. Kieu dongengna mah :
Cenah, aya hiliwir bawaning angin, di Garut aya sentra industri kecil menengah hususna industri penyulingan akar wangi. Eta industri umumna nganggo bahan bakar mangrupi minyak tanah pikeun ngadamel "steam" (atanapi uap) penyulinganna. Tah, nu janten kapanasaran teh, kinten-kintenna eta sentra industri penyulingan akar wangi teh aya di wewengkon mana...?!Caket teu sareng Kamojang...?! Kaleresan aya sobat abdi nu ulubiung dina masalah rekayasa penyulingan essential oil, kalebet akar wangi ieu. Teras, manehna naroskeun ngeunaan hal eta di luhur ka abdi. Di Garut, cenah seueur potensi geothermal nu tiasa diberdayakeun pikeun kamaslahatan umat. Sakaterang abdi eta potensi geothermal teh dianggo mung saukur pikeun pembangkit listrik oge pariwisata (cipanas tea, panginten). Manawi sakitu we heula. Nuju pakepuk ku paculeun. Mangga ah.... Baktos, OTA

