Wilujeng siang Ua,
   
  Upami teu lepat anu ngabewarakeun wirehna di tatar sunda aya empu 
Anjani/Hanjani? teh dina buku khusus "perkerisan" karangan urang Solo, hilap 
deui judul sareng nami nu nyeratna. Oge hilap deui tipe keris urang Sunda, duka 
lup 9 atanapi lup 13. Di Jawa mah aya duanana. Ngan keur abdi jadi mucunghul 
rupa2 ka panasaran. Keris teh asalna timana? ti Jawa, Sunda atawa ti luar pulo 
Jawa? Ari Kujang kumaha lalakona, bener boga karuhun urang baheula atawa karek 
anyar?  
   
  Kataji ku perkawis kecap munuu, abdi resep kanu munuu..munuu teh Wa :) Gening 
aya babasan nu kieu unina: "disampakeun bakakak nu ngadangkak, bolu nu munuu". 
"Bolu meni munuu kitu!" sareng "Ceples apeum euy, munuu!". Upami kecap "munuu" 
sami hartosna sareng kecap "muncugug"? Dina bahasa Indonesia "sangeunahna" 
panginten tiasa oge ngangge kecap "menggunung" atanapi dina "peristilahan" kaca 
eunteung(cermin) atanapi lensa aya kecap "cembung" sareng "cekung". Munuu 
langkung condong ka cembung panginten. Panginten kitu oge! 
   
  porenges


 
---------------------------------
It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.

Kirim email ke