Tadi isuk kabeneran bisa nyimpang heula ka daerah 'pinggiran' jababeka tempat gawe kuring. Loba tukang dagang nu kapaksa malinggir ka dinya da teu meunang ari dagang di tengah-tengah kawasan mah.
Sarupaning kadaharan aya di dinya. Bubur (dipurukan daging) hayam, bubur kacang hejo, roti, bala-bala sabalad-balad, sangu wuduk lan sangu koneng. pat-say kupat sayur, galon gado-gado lontong (padahal mah lotek asak), ketoprak humor, jsb jrrd. Bari ngahuleng barieukeun, ras inget kabiasaan di lembur ngeunaan dahar isuk-isuk. Jadi hayang nanyakeun ka baraya Kusnet naha bener teu ingetan kuring di handap ieu : 1.Dahar kezo = sasarap. 2.Nguyup kopi panas (jeung roti bun haw tea) = nyaneut 3.Ngopi bangsaning goreng ulen (ditambah sambel oncom pedo) = mumuluk Terus, naha aya pakaitna jeung budaya hirup US ? Pedah, rarasaan pikeun nu biasa gawe beurat mah sasarap teh kudu. Pan aya babasan "lain pagawean memeh sasarap". Terus, lamun bangsana menak, ehnar jsb cukup we ku mumuluk. Tukang usaha subuh-subuh tuturubun mah cukup we ku nyaneut. Tapi jang nu ngabedug di sawah mah sasarapna teh wanci pecat sawed, jam 9an mun teu salah mah. Tah manawi aya baraya nu sok nengetan bedana nyarap & mumulukna urang sunda versus brekfast & coffebreakna urang kulon? Terus, naha bener aya pakaitna jeung budaya gawe katut budaya hirup sapopoe? Cag heula, kaburu torojol semah baladna kang Ipay ti Sunter. Baktos, Teja

