Saur abdi mah, tong aya paribasa jajah-menjajah. Da urang sami - sami keneh
Tungturunan, seuweu siwina Sunda. Abdi nembe terang oge Yen Urang Banten nyebat
Urang priangan ku Pasundan. Ari Urang Banten pan urang Sunda keneh???Upami teu
lepat nuju Jaman Pajajaran mah, Banten sareng priangan teh ngahiji sanes???
Abdi bade Naros ari Kasultanan Banten asal mulana ti Pajajaran atanapi Ti
Cirebon?????
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From:
Nandar Robbyana
> ieumah duka lulucon atanapi seriues, waktos Banten misah ti Jabar abdi
> gaduh carita ti wawrgi nu aya di Pandeglang yen > salila ieu urang Banten
> teh cenah mah ngarasa di Jajah ku urang Pasundan.
> naha aya bentenna antawis Banten, Sunda, Pasundan, Parahyangan.
Sigana aya sajarahna Kang Nandar. Tapi ieu kira-kira, nyanggakeun we ka para
ahli sajarah leres henteuna mah. Fakta sajarah yen Pajajaran runtag diserebu
ku Kasultanan Banten. Dina Majalah Balebat edisi bulan ieu, dicaritakeun
riwayat aran-aran tempat di Bogor nu aya hubunganana jeung perang Banten
jeung Pajajaran. Jadi perang ieu lain "perang leuleutikan, tapi perang gede.
Sanggeus Pajajaran runtag, aya tilu kakawasaan gede di Pulo Jawa. Banten di
kulon, VOC di Batavia (jakarta) jeung Mataram di Jawa Tengah. Sumedang
Larang, karajaan leutik di Priangan, nu ngaku penerus Pajajaran, kamungkinan
"trauma" ku Pajajaran di runtagkeun ku Banten, leuwih mihak jeung nyalindung
ka Mataram tinimbang ka Banten. Hal ieu teu dipikaresep ku Banten, Sumedang
kungsi dirurug ku tantara Banten, pas dina poean lebaran nu murag dina Poe
Jumaah. Kajadian ieu, ninggalkeun deui trauma, tepi aya kapercayaan di
Sumedang (oge di tatar Priangan sejenna) teu meunang lebaran di poe Jumaah
......
Jadi sentimen anatara Banten jeung Priangan teh geus aya riwayatna tidituna.
Ditambah deuih, waktu Banten akhirna ditaklukkeun ku Walanda. Urang Banten
teu eureun-eureun ngalawan Walanda. Ieu ngakibatkeun wilayah Banten jadi
daerah nu pakepuk ku riweuh. Beda jeung urang Priangan, nu relatif leuwih
narurut ka Walanda. Nurut ka Walanda mere kauntungan ka urang Priangan,
daerahna jadi relatif aman, pangawangunan bisa leuwih maju, jelemana oge
jadi leuwih kadidik. Akibatna di Banten, para pejabat Pribumi nu diangkat
Walanda, lain urang Banten, tapi ti Priangan. Contona waktu kajadian "Geger
Cilegon" (Baruntakna H. Wasid, Tubagus Ismail) , pejabat Pribumi di Cilegon
harita aslina menak Urang Bogor, nu gaya hirupna kawalanda-walandaan.
Kabiasaan ngangkatan Urang Priangan jadi pejabat di Banten, dituluykeun
deuih sanggeus merdeka. Nya tangtos wae keur sabagian urang Banten rada
ngarasa "dijajah" ku urang Priangan.
Tos ah ngacapruks, bisi rea teuing salahna ...............
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.