lamun dianakterekeun kumaha? :D... jiga cek mang yani?
jaman baheula nu ngaranna karajaan sunda pernah ngawengku daerah jabar-banten-jakarta jeung sabagean jateng ayeuna. mun teu salah dua kali karajan sunda ngawasa wilayah eta. jaman rakyan tamperan jeung sribaduga maharaja. mangsa karajaan sunda (nu geus leuwih kawentar ku ngaran pajajaran) lemah, daerah nu jauh jeung puser dayeuh (di bogor ayeuna) sacara de jure memang masih jadi bawahan pajajaran ngan de facto na mah geus jiga karajaan merdika. contona cirebon. komo deui harita cirebon geus jadi daerah kakawasaan islam. beda jeung pajajaran nu hindu atawa sunda?. abad kagenepbelas, cirebon jeung demak nyerang sundakalapa palabuan utama pajajaran. karebut, nya ti dinya mimiti ngadeg karajaan banten islam. ngeunaan pasundan jeung priangan. cek kuring, pasundan teu sebutan keur tempaturangsunda sacara umum. sedengkeun priangan nuju ka daerah dataran luhur bandung jeung sabudeureunna. priangan asal kecap tina parahyangan. tempat rahyang (dewa?). nu biasana di gunung-gunung (tempat luhur). kunaon cenah urang bandung nu priangan disebut ku urang banten pasundan? meureun pedah we jaman ayeuna mah bandung jadi puser dayeuh jawabarat. nu dianggap sebagai daerahna urangsunda. punten bisi beuki pabeulit heuheu dh On 4/4/07, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saur abdi mah, tong aya paribasa jajah-menjajah. Da urang sami - sami keneh Tungturunan, seuweu siwina Sunda. Abdi nembe terang oge Yen Urang Banten nyebat Urang priangan ku Pasundan. Ari Urang Banten pan urang Sunda keneh???Upami teu lepat nuju Jaman Pajajaran mah, Banten sareng priangan teh ngahiji sanes??? Abdi bade Naros ari Kasultanan Banten asal mulana ti Pajajaran atanapi Ti Cirebon????? *Waluya < [EMAIL PROTECTED]>* wrote: ___
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

