Ceuk kamus Sunda-Sunda LBSS (citakan ka 9 taun 1995) :
Hirup : nyawaan ( jalma atawa sato)
Hurip : seger, kaciri yen sehat; hirup kalawan hurip, hirup tur sehat, jagjag 
waringkas lantaran sagala kaperluan hirup kacumponan.

Ceuk kamus Sunda-Sunda Danadibrata (taun 1944) :
Hirup : boga keneh nyawa.
Hurip : waras lahir jeung waras batin, mulus taya kuciwana.

Ceuk kamus Sunda-Sunda Sacadibrata (disusun antara taun 1930-1970) :
Hirup : sabalikna tina paeh
Hurip : hirup tur jagjag waringkas.

Ceuk kamus Sunda-Inggris Hardjadibrata (2003) :
Hirup : live.
Hurip : full of vitality, vital, fresh,stand lively, grow well

Mangga nyanggakeun panafsiranana, lamun ningali kana taun medalna eta kamus, 
rada katingal aya pergeseran hartos utamina dina kecap hurip.

MSasmita

  ----- Original Message ----- 
  From: Niskala Senja 
  To: [email protected] 
  Cc: [EMAIL PROTECTED] 
  Sent: Wednesday, April 04, 2007 3:54 PM
  Subject: [Urang Sunda] TANGTUNG SUNDA BUANA


  Kuring rek nanya yeuh......!

  HIRUP jeung HURIP.

  dimana bedana,jeung dimana hartina?




  Kalla S.

Kirim email ke