Leres pisan teh ro2, pangalaman teh ngeunteung ka jaman kapungkur.
   
  Salian ti kecap pakanci, aya oge kecap buku.
   
  Conto sanesna deui kecap wahon. Waktos jaman “Si Buntung Jago Tutugan” 
atanapi jaman “Jaka Santang” anu didongengkeun ku pa Afandi Apin (ramana doel 
Sumbang) ti radio Dahlia (upami henteu lepat), dicarioskeun wahon digunakeun 
diantawisna kanggo ngangkut areng ti Samarang - Garut ka Batavia. Kecap wahon 
eta oge dicandak tina basa rumpun Eropa (Walanda). Dina basa Ingris aya kecap 
“wagon” sareng  dina basa jerman aya kecap “wagen” anu hartosna ampir sami 
sareng mobil atanapi treuk jaman kiwari. Emut panginten kana mobil VW, W nyaeta 
singketan tina wagen. Jigana upami leukeun dipilarian mah masih seueur kecap 
basa Sunda anu diserep tina basa rumpun Eropa.
   
  Kanggo ngemutkeun, jaman Pajajaran, basa Sunda Kuna oge parantos nyerep 
kecap-kecap basa-basa sanes sapertos basa Sansakerta, basa Jawa Kuna, sareng 
basa Malayu Kuna. Supados henteu cape nulisna sareng henteu cape macana, ku 
pribados didugikeun di dieu mung conto kecap anu kawitna tina basa Malayu anu 
diadopsi ku basa Sunda Kuna nyaeta kecap-kecap “barat”, “timur”, “bukit” sareng 
“pulo” sapertos anu aya dina naskah Bujangga Manik:
   
  1220 ta(ng)geran na Catih Hiang.
  Itu bukit Hulu Mu(n)ding,
  ta(ng)geran na Demaraja,
  ti barat bukit Parasi,
  ta(ng)geran na Tegal Lubu, 
 
 
  1250 Ti timur pulo Tampurung,
  ti barat pulo Rakata,
  gunung di tengah sagara.
  Itu ta gunung J(e)reding, 
  ta(ng)geran na alas Mirah
   
  Kecap ”barat” masih nempel dina kecap ”Tanjung Barat” nami salah sawios jalan 
di Jakarta anu saurna dicandak tina nami daerah tilas karajaan alit ”Tanjung 
Barat” bawahan Tarumanagara oge  bawahan Sunda.
   
  Mung duka ku naon sababaraha kecap serepan ti basa Malayu eta teh henteu 
dianggo deui dina basa Sunda Modern / Kiwari. Eta mah gumatung kana preferensi 
masyarakat Sunda generasi saterasna panginten.
   
  Kacindekannana basa Sunda, sami sareng basa sanesna, sifatna terbuka kana kos 
kata basa sanes ti jaman ka jaman.
   
  Wangsul deui kana kecap kelir sareng pakanci, sareng kecap sanesna anu 
diadopsi ti Eropa, jigana nasibna ditangtoskeun ku preferensi urang Sunda dina 
ngagunakaeun basana. Tapi katinggalina ku pribados ka payun bakal langkung 
seueur kecap-kecap ti rumpun Eropa anu bakal diserep ku basa Sunda, hususna anu 
nyangkut teteh nolohi, eh maksad teh teknologi.


Eta mah pamendak pribados, tiasa wae lepat.


Salamna,
  Pun Asep
  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
 Hehehe…Kang Asep mah aya-aya wae…nya pami keukeuh wae mah tiasa  Sukelir.
 Ciganamah  leres asal muasal kelir teh tina color…Da, pami ditengetan mah 
seueur  kecap-kecap Sunda nu diserot (serap?) ti basa Inggris/Walanda 
utaminamah ti  sepuh kapungkur sok dikirata, dikira-kira tapi nyata.
  
 Emut ka  pun Aki (punten, abdi sok ngadongeng wae jaman kapungkur da kumaha 
deui,  seuseueurna dongeng ngeunaan kaSundaan nu kaalaman ku abdi ayana jaman  
kapungkur...) pami nuju pere sakola sok naros kieu,”Nyi, atuh teu sakola keur  
pakanci (maksadna vacancy=libur)?”
  
 ro2
  

  
 >>> [EMAIL PROTECTED]  04/03/07 08:37AM >>>
Eta  numutkeun JK. Upami numutkeun juru bicara orang Walanda, henteu terang tah 
 namina, tapi anu pasti sanes sodara Iza, jigana kelir mah aslina tina basa  
Walanda atanapi basa Ingris.

Color dina basa Inggris disorakeunnana kaler  caket pisan kana sora kelir.

Jalaran kitu, wajar upami talaga warna  henteu keresaeun digentos janten talaga 
kelir. Oge guru ngaos pribados waktos  alit dipaparin jenengan Suwarna sanes 
Sukelir. Heu heu heu. Leres  kitu?

Pun Asep

 
     
                       

 
---------------------------------
Expecting? Get great news right away with email Auto-Check.
Try the Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke