basa mimiti datang ka palembang, ditawaran ngawadul di sakola kadinasan, di
departemen perhubungan utama ASDP - angkutan sungai dan penyebrangan, poho
deui ngaranna sakola, tempatna teh ti sungai gerong ka ditu deui, di mariana
asa mah. mimitina rada hoream, salian ti jauh, harita masih keneh pakepuk ku
mereskeun pagawean di bandung ...

mimiti ka ngajar, ditegor ku kapala-na ... pedah ngajar teh make calana
jeans ... hi hi hi, asa euweuh hubunganna antara ngajar jeung calana jeans
jeung teu bolong siga barudak jaman kiwari. tapi nya da kudu nurut kana
aturan, nuturkeun we ....

kabiasaan teh, blus we asup ka kelas, ieu mah teu meunang kitu. kudu
nungguan di rohangan dosen (gaya euy ... ) terus aya nu datang, ngahormat
siga tangtara, puguh we pungak pinguk jeung hayang seuri ... asa inget jaman
pramuka keur SMP ...

terus leumpang ti heula, bahan ngawadul dipangmawakeun ku nu neang tadi,
alah ... jadi salting ... asa jadi bupati .. ha ha ha

memeh nepi ka kelas, di hareupeun panto keur aya nu nungguan, terus
ngahormat deui ... karek asup ka kelas, muridna nangtung, terus ngahormat
karek diuk ... bahan ngawadul teh disimpen dina meja ku nu neang tadi.

bari ngajar, kabiasaan sok diuk di sisi meja, muridna tingkecewis, ku kuring
ditanya, pek teh teu meunang cenah, untung teu katempoeun ku bapak kapala
deui ... he he he

ngawadul teh ka murid tingkat 1, salila ngajar, katempo loba nu nundutan ...
ah teu pati dipalire ieu, meureun tunduheun .. he he he

meunang tilu kali ngawadul, nya dibere PR, hayang nyaho ngarti atawa heunteu
.... waktu dikumpulkeun, aya sababaraha urang nu can beres, nya ditanya ...
sihoreng peutingna cenah tas jaga malem, bari haharewosan. nya ditanya
kumaha kagiatan sapopoena, lalaunan oge, da rohangan sabeulahna teh murid
tingkat 2. sihoreng ceuk maranehna teh, rohangan pang aman na teh, nya di
rohangan kelas ieu, komo mun nu ngawadulna ti luar, bagena cenah, teu karasa
stress ... harrr .... ceuk kuring bari bingung.

geus ah sakitu we ...

--
Budhi Setiawan
@ Infrastructure Design Research Lab., Civil Eng. Dept., Civil Eng. Dept.,
Gifu Univ., Japan.
@ Soil Mechanic Lab., Civil Eng. Dept., Sriwijaya Univ., Indonesia.
budhi at urangsunda dot net

Kirim email ke