tapi masyarakat wungkul apal hungkul...IPDN pasti nyitak deui lulusan.
nepi iraha boa nya? naha urang Voting wae kitu, kirimkeun ka Istana...
yen masyarakat geus murel. da nu bisa ngarobah mah presiden, lain tukang
dagang.
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Koran-koran poe ieu jeung MetroTV, ngabejakeun yen Inu Kencana, dosen
IPDN
anu paling wani nyaritakeun aya panyiksaan di IPDN, dipariksa (di
Investagasi) ku team ti Depdagri jeung teu meunang ngajar di IPDN. Inu cenah
kamungkinan rek dibere sanksi, kulantaran muka kagorengan IPDN. Teu tibalik
ieu teh kitu? nu kudu dipariksa jeung dibere sanksi teh lain Pak Inu, tapi
eta pimpinan2 IPDN. Kunaon tepi aya kajadian deui, mahasiswa maot disiksa ku
mahasiswa deui. Padahan Pimpinan2 IPDN ieu teh nu ngaganti pimpinan2 STPDN
di taun 2003 waktu kasus maotna mahasiswa ti Jabar, Wahyu Hidayat.
Waktu kasus wafatna Cliff mimiti kaambeu ku wartawan, urang IPDN malah
nyumputkeun kasus ieu, pajarkeun teh cenah Cliff boga panyakit lever bari
ditambahan kolotna Cliff teu ngijinkeun otopsi kana mayit Cliff. Geus kitu,
nu paling "parah", mayit Cliff disuntik formalin. Hiji tindakan anu
nyurigakeun, sabab lamun disuntik formalin, bisa "nyamarkeun" sababna Cliff
maot.
Kacida teuing euy. Watir ka mahasiswa IPDN nu jadi "korban" ku sistem. Enya,
korban sistem, boh nu maot/ nu kabur kulanataran teu kuat disiksa atawa nu
ayeuna keur unggah bale watangan (pangadilan) kulantaran nyiksa. Geus we lah
bubarkeun we ....hukum tah pimpinanana, lain mahasiswana wae ......
Baktos,
WALUYA
[Nu kungsi nempo kumaha sedihna kolot Erry Rahman mahasiswa IPDN nu maot
disiksa di taun 2000, di RS Islam Bandung]
---------------------------------
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.