duh....mani seueur urang garut (asgar..)...nya....boa2 keudap deui aya milis
khusus asgar...(just kidding)....mana urang tasik malaya na nya..?....ke..iyeu
aya nu rasoskeun ari kusnet teh asal na naon?. asa tos maca tapi hilap
deui...?....lamun ceuceu mah asli ti desa mangunreja...eta anu kasohor kupat
tahu na...upami aya nungalangkung ti garut ka tasik malaya...di caket sasak
besi..desa toblongan...didinya aya kena tukang kupattahu anu kasohor dugi ka
ayeuna...
biasana upami lebaran....ceu2 sakulawargi pasti sok andeprok didinya....
wasalam ceu leli...
pampam zhm <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun, ka sadayana.
Sateuacanna sim kuring bade mundut di hapunten, kumargi parantos rada lami
janten anggota kusnet teh ( +/- 5 sasih ) namung teu acan nepangkeun ( maklum
kuli, anu kedah kaditu kadieu ).
Nami sim kuring Pampam ZHM, kawit ti Bungbulang Garut ( asgar ). Ayeuna kukuli
di Sampit Kalimantan Tengah tos 6 tahun.
Hatur nuhun ka sadaya anggota kusnet, anu parantos ngamumule warisan karuhun
urang. Sim kuring ngawitan terang aya kusnet teh waktos nuju dines ka Pangkalan
Bun, kaleresan aya rerencangan anu maparin terang aya kumpulan urang sunda,
namina Kang Andy Risdianto.
Ti kawit eta, abdi janten anggota kusnet.
Wilujeng.
Salam baktos,
pampam.zhm
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
We won't tell. Get more on shows you hate to love
(and love to hate): Yahoo! TV's Guilty Pleasures list.