punten sateuacana bade ngiring nimbrung ka kang nanang,wios?? lamun teu kenging mah rek maksa we ah....!
Ari usulan mah hebat, Urang Sunda mah enya da' muji kana kapalinterannana Urang Sunda mah... haturnuhun kana usulan-usulan anu brilliant na... leres sae kanggo ngalebarkeun ramat lancahna KUSnet, tangtos acara samodel kitu diperyogikeun pisan, malah kdituna mah kudu diayakeun acara2 samodel kitu teh, Kerjasama KUSnet jeung instansi2 Pemerintah, pendidikan ataupun swasta oge masyarakat, demi ningkatkeun sinergi jeung kaharmonisan antara KUSnet jeung lembaga2 sejen, tapi ieu acara nu samodel kieu teh, tos kaalaman sababaraha kali, sabab ieu acara kaasup acara anu serius, ayeuna urang kudu ninggali oge, ka peserta anu bakal sarumping, asana yakin kurang ti 50% na peminatna kanggo acara nu sarius model kieu...sok sanajan kamari konsep HBH ieu niat rek di rubah, jadi acara na mah 'naon wae', tapi HBH aya disajeroeunana ieu kagiatan, jadi lain kagiatan2 deui nu dina jero acara HBH tapi sabalikna. Ayeuna nitenan kana sifat Acara HBH sorangan, biasana dina Acara HBH teh sifatna Santai, Akrab,kakulawargaan,wawanohan,malah kaituna mah silih gonjak silih eledan bari cugar-cengir jeung papada anggotana... lamun ayeuna aya Acara nu Serius siga kieu, tangtu bakal teu sinkron kana udagan kaakraban,kakulawargaan jeung wawanohan, sabab dina diskusi serius siga kieu mah suasana oge biasana jadi kaku, malah teu saeutik anu bersitegang...tangtu ku jalmi nu teu resep kana hal anu serius pasti acara HBH teh dianggap garing, bisa muncul deui sora2 anu sumbang siga kamari, yen HBH teh lain Milik Uing deui wae padahal dina HBH ieu mah, aya rencana teh ngarah HBH jadi Milik sarerea,nu asalna ti urang,keur urang jeung dibalikeun deui pikeun urang-urang tea, salah sahijina ku disuhunkeun karidoanana keur ngiluan ngabiaya ieu acara HBH taun 2007 nu bakal datang,teu ditilik tina saeutik jeung lobana nu penting lamun geus mayar biasana jelema sok aya rasa miboga, tah lamun aya nu ngarasa teu ngapimilik deui ieu HBH, jaba geus mayar deuih cenah....malah nu ayeuna mah bisa nyebut manehna rugi sabab ku geus mayar tea he..he.. Kitu oge lamun weh ieu Acara anu serius teh kedah aya Wae, nya mangga urang badantenkeun deui dina KOPDAR di Bandung, engke , nya kumaha we carana mah mungkin bisa wae ayeuna mah HBH teh dibagi kana sababaraha babak, misalkeun poe saptu,enjing2 prung HBH diteraskeun ti jam sekian nepi ka jam sekian acara na Bhakti Sosial jang masyarakat sabudeureun urang ngayakeun HBH, terus disusul ti jam sakitu nepi ka jam sakitu ku Acara Apresiasi(naon....),lamun acarana seuerur teuing alias padet nya atur2 janten 2 poe-eun....sigana tiasa wae..tapi tetep meureun kedah aya rarancang anu asak, kasanggupan pangurus nu siap ngajalankeunana termasuk neangan sponsor,tempat anu cukup, peserta anu cukup, jeung waragad anu cukup oge. Tapi, Lamun ceuk pamikiran Simkuring Pribadi anu bodo jeung teu boga pangalaman naon2, Ieu usulan anu sae ti kang Runa sareng wa Yani, wajib diagendakeun dina riungan2 KUSnet kahareup, dimatengkeun deui sagala kasiapanana na termasuk, kapanitiaan, pengelolaan, jeung tangtu kawaragadan oge, tapi sanes keur disandingkeun dina acara HBH2007 ieu... sakitu ti sim kuring mah panginten, hapunten anukasuhun bilih aya nu ngaraos kasigeung atawa aya kecap2 anu matak ngaraheutkeun manah para wargi mugia dihapunten wae nya!...... Wassalam, -toni sofian- *ek seperti biasa make initial -ts-ayeuna mah aya nu ngandih geningan hihi....(puten heureuy) From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> on 04/17/2007 11:58 AM Sent by: [email protected] Please respond to urangsunda To: [email protected] cc: cc: (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC Fax to: Subject:[Urang Sunda] Re: Laporan [EMAIL PROTECTED] seriously Teorina mah kitu.... gampil pisan ngajukeun teori mah. Tapi dina kanyataanana mah pan hese. Pira ngumpulkeun jelma 50 urang keur Kopdar ge pan hese. loba kaleresan. Ieu kenyataan nu aya. Enya, Kusnet teh hiji network. Jaringan. kasebutna mah kitu. Jeung kuduna mah kitu. Padahal, potensi-na gede pisan sabenerna mah, ngan acan terstruktur wungkul. Mun enya rek nyieun hiji acara oge, tangtuna memang kudu ngalibat keun pihak-pihak sejen. Tangtos pisan... Da Kusnet mah ngan saukur bisa usul jeung usul wungkul. Da meureun kudu aya kordinator, aya penghubungna, aya panitia jeung sajabana. Cik ... Kumaha mun arusul teh atuh, bari jeung ngacung siap sadia rek ngabantuan ? -dul- --- In [email protected], "K7/P1" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tiasa wae mang ndeoll, asal puguh sadayana hak sareng kawajibanana. da mun > sadayana di tekel lu KUSnet wah moal kabedag, naon margina pan nu lebet di > kusnet mah seuseurna padamel. Tah ningal kana sisi kaunggulan sareng > kalemahn eta kmh solusina. Solusina sapertos nu nembe ku abdi dikintunkeun. > Urang tiasa sasarengan sareng mahasiswana. Panginten, tpi duka ketang aya > solusina anu langkung tegep. > > Pami teu aya nu ngadukung, nya atos bolaykeun > wae...kacape.cape....he....he....intina mah sih mengoptimalkeun network nu > aya di KUSnet. Panginteeeennn.....he....he... > > On 4/17/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Saleresna mah tiasa wae diayakeun kagiatan anu serieus. > > Kusnet ngayakeun hiji even, gawe bareng jeung institusi > > sejen, Unpad, UPI, Dispudbar atawa Penerbit buku misalna. > > Ngayakeun Seminar, Pagelaran Seni, atawa Pasanggiri naon lah. > > Tah, HBH diayakeun dina salah sapuluh acara eta. > > > > Tapi, > > Apan kudu aya sumber daya, sumber dana jeung sajabana. > > Tangtuna, sagala ge butuh persiapan. Kusnet siap teu ? > > Aya nu bade ngabantuan ? cik.... > > > > -Dul- > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

