Enya, baheula basa UPI ngayakeun pasanggiri ngadongeng, maca pupuh jeung sajabana, kuring lalajo. harita teh jeung Kang Iim, Teh Ika, oge Kang Soni. Kungsi ngobrol jeung Pak Ano Karsana, oge Pak Tatang (putrana Mang Koko). Jadi apal oge dedeganana Wa Kepoh teh.
Nu jadi panitia jeung bunitiana nya mahasiswa. Bener ceuk Kang Runa, mahasiswa mah garede gawe-na, daraekan jeung barisaan, kaasup Kang Adit. Salian ti ngayakeun pasanggiri, oge aya bazaar buku, dahareun oge karajinan sagala rupa. Atuh bilih peryogi, mangga ka Panitia : Kang Iim + Kang Oni saparakanca meredih ka barudak UPI ngalangkungan Kang Adit atanapi Neng Anit. Komo kagiatan anu aya pakuat pakait sareng Kasundaan mah. pasti kersaeun ngabantuan. Kang Adit, hatur nuhun sateuacana. -dul- tukangteuing --- In [email protected], A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > punten, sanes bade ngarewong. pogot pisan padungdengan teh....asa ku kataji. kang Runa sareng kang Yani gaduh ideu2 cemerlang.. ceuk simkuring lebar pami teu dilaksanakeun mah. gawe bareng sareng mahasiswa mangrupa hiji cara pikeun ngungkulan pasualan teknis. Kang Doel kapungkur kantos ka UPI, kumaha pami ka UPI deui,,Insya Allah ku abdi ditepangkeun sareng nu kinten2 kersa gawe bareng (gawe bareng tanaga ...heuheu). > wangun sosialisasi Kusnet, pasanggiri, seminar, dugika promosi buku sareng HBHna nyalira bawiraos tiasa lumangsung. sugan bae HBH- na janten HBH nu langkung HBH batan HBH-HBH nu sanesna,,heuheu.... > > K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > He...he....kmh kang Yani, upami anu janten KORLAP (Koordinator Lapanganana) Kang Yani? > Sapuk lah abdi mah upami KORLAPna Kang Rawyani teh. Ide2na cemerlang. > > On 4/17/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Uapmi nilik tempat sareng panata calagra ti Bandung, > Insya Allah asana mah tiasa kalaksanakeun. Sareng > ceukpangemut sim kuring mah, ieu teh hiji tantangan > pikeun kang Bo'im (Iim) saparakanca, kumaha sangkan > HBH 2007 beda ti HBH taun-taun tukang. > > Usulan sim kuring, asana mah teu sesah, ngempelkeun > seratan kang Ganjar Kurnia, naha di milis, di media > atanapi di Unpad, anu eusina aya pakit sareng > Kasundaan. Dikempelkeun, diedit teras didamel buku. > Pami peryogi mah sakantenan wae, makalah Kang Ganjar > waktos presentasi di payuneun Senat Akademik Unpad, > sabage calon rektor Unpad. Pasti kang Ganjar masih > nyimpen. Sakantenan ngamasyarakatkeun konsep, visi > sareng misi Rektor Unpad. Saha anu ngordinasina? > Nya, urang Bandung anu caket ka kang Ganjar. Masih aya > 5 bulan deui ka HBH, asana teh cekap kanggo ngadamel > buku. ----------------------------------------------------

