Tah ieu urang sanggakeun ka teh Ida kitu? di Bappeda Jabar, dina ngarancang 
pembangunan Jabar ka payun. Asupan2 sarupi kieu teh mirah teu kedah ngayakeun 
sidang wakil2 di dprd anu awis, bari kaluaranana mah (outputna) moal tebih 
kitu2 keneh.
   
  Komo upami dikaitkeun sumpingna Investor Rusel ti Rusia, kahade Jabar 
kabalinger, arahkeun eta investor salianti ngamangpaatkeus infrastruktur nu tos 
aya, sing tiasa ngadamel anu can aya, sapertos perkawis sarana nyalurkeun 
barang2 buatan pabrik ka nama2 tujuan. naha dina wujudna lapangan udara 
internasional di daerah Majalengka? jalan tollna, sareng jln layang di kota 
Bandung anu langkung mendesak. Mangga sapuk lah sareng sadaya baraya, mugi2.

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          > "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> komo paris london new york mah geus ti beh ditu mula. atawa rek 
> make jurus batur bisa, urang mah teu kudu. hihi. malah batur mah 
> nyieun heula kareta di jero taneuh memeh aya monorail, da 
> teknologina pandeuri kapanggihna.

Sanes teu kudu, ngan umpama ningali kaayaan ayeuna, rarasaan teh 
masih "beurat" MJ. Jalan di jero taneuh merlukeun pamaliharaan anu 
leuwih tinimbang jalan di beungeut taneuh atawa jalan layang. Salian 
ti miceun/ nyedot cai nu pasti rembes wae, oge di torowongan kudu 
dipasangan blower (kipas angin) supaya aya sirkulasi hawa di jero 
torowongan. Jadi perlu enerji gede, da peralatan ieu saendeng-endeng 
kudu jalan, teu bisa eureun. Lamun eureun bisa bahaya, torowongan 
bisa kabanjiran atawa hawa di torowongan pinuh ku CO/ CO2 nu sarua 
we jeung muput jelema dina liang.

Perlu kadisplinan keur ngajalankeun sistim ieu, padahal pan di urang 
mah umumna jalma-jalma kurang disiplin jeung boga mental 
vandalismeu, teu kaop ningali barang milik umum...kabita terus 
dipaling. Jadi nu perlu heula ayeuna, ceuk kuring mah, kumaha carana 
supaya urang Indonesia boga kalakuan siga rakyat2 di nagara-nagara 
nu boga kareta api di jero taneuh?

Baktos,
WALUYA



         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke